KIDUNG PADARINGAN NYAI CINGKRIK

Bismillah ngawitan ngidung

Muji syukur ka Hyang Agung

Ka ibu Sri putri anu luhung

Putra putu nyuhunkeun pitulung

Cukup sandang pangan ti indung

Ibu sri ratu pohaci anu agung

Pamupuk ratu anu geulis

Incu putu ulah pais

Cinta abdi jeung anu geulis

Nu geulis sumangga niis

Kandang rasa raga kaula

Kandang sari budi kaula

Budi manis jeung nugeulis

Sasarengan sami niis

Nitis suci jeung nyai sri

Nitis raga pangawasa

Nitis jiwa sareng raga

Nitis rupa sareng nyawa

Jaya anjeun jaya kaula

Rasa jaya pangawasa

Nyata gusti anu kawasa

Nyata wujud raga salira

Patuh rawuh moal jauh

Betah kami dinu sepi

Sepi suci diasuh ku kami

Moal kurang sandang pangan

Aing nyaho kanu nyaho

Ulah sieun teu mikapoho

Ulah sieun hanteu ngejo

Da kami teu mikapoho

Maneh pastina dipuuk

Kami pasti dipupuk

Naga sari pasti numpuk

Kadaharan pasti numpuk

Ngalumbuk tinu geulis

Welas asih, welas asihna tinu geulis

Jalmi anu sadar narima

Daek cicing ditempat maneh

Kami sudi rek ingkah

Nyata anjeun the rendah

Atuh kami moal nilar

Nya maneh moal kena ku lapar

Langgeng maneh the ginanjar

Amanat ka sadayana nu ngarti

Incu putu anu narima bodona

Amanat ti ibu ti kanjeng rama

Ulah kabawa ku sakama-kama

Ibu nu geus diciptana

Narima tanaga sareng rasana

Rasa kabeh manusa angu ngarti

Ka ibu anu teu ngandung

Ka rama anu teu ngayuga

Ka rama ratu safaat

Ka ibu sanghyang Sri

Ya Alloh Ya Rosululloh

Alhamdulillah sami Allohu

Tutup bayu sampurnaing nafsu

Tetep iman ing syahadat

amin

Published in: on 16 Juni 2010 at 9:38 pm  Comments (2)  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2010/06/16/kidung-padaringan-nyai-cingkrik/trackback/

RSS feed for comments on this post.

2 KomentarTinggalkan komentar

  1. wah… Ngandung ajaran islam jeng sunda

    • kalebet kidung kiwari ieu mah,,,


Tinggalkan komentar