– Siksa Kandang, Siksa Kurung & Siksa Dapur –

Nepi ka kiwari masih kénéh aya nu ngabédakeun, cara ngéjah kecap kandang dina kecap ‘siksa kandang karesian’ téh. Sawaréh aya nu dihijikeun kandang, sawaréhna deui dipisahkeun kanda ng. Nu ngéjahna dipisahkeun boga anggapan, yén kecap kandang téh asal kecapna tina kanda (Jawa kuna) nu hartina ‘bagian’ diwuwuhan ku kecap pangantét –ng. Cindekna Siksa Kanda ng Karesian téh cenah mah ‘bagian aturan nu aya di karesian’. Ana kitu mah, kadituna tangtu bakal manggih siksa-siksa nu lain, siga kanda ng kadatuan (bagian di karaton), kanda ng kahulunan (bagian di rahayat leutik) jst.

Dina téks Sunda Kuna Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) bagian kadua, écés yén kecap kandang lain tina kecap kanda ng, tapi kecap kandang, nu hartina méh sarua jeung dina basa Sunda kiwari ‘kandang, kurung’. Bédana, dina basa Sunda kiwari mah kecap kandang téh leuwih heureut nyaéta tempat neundeun sasatoan. Kecap kandang, kurung, jeung dapur sakabéhna nuduhkeun hiji diménsi, hiji wengkuan. Nya siksa kandang, siksa kurung, jeung siksa dapur ieu, nu nguger masyarakat Sunda mangsa harita sangkan gugon kana tetekon.

 
Aturan anu wengkuanana pangheureutna nyaéta siksa kandang. Da ayana ogé cenah di sakuliling salira, di sabudeureun diri urang, dina lingkungan sapopoé nu pangdeukeutna jeung urang. Tegesna, siksa kandang ngatur étika antara manusa jeung papadana. Kumaha hubungan jeung tatangga, deungeun-deungeun, atawa nalika urang indit-inditan diatur dina siksa kandang. Nu jadi catetan penting pangarang dina siksa kandang mah pangpangna teu meunang ngala nu lain alaeunana, nu lain hakna. Sabab, keuna ku paribasa kolot baheula ‘hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang’, hartina, lamun nyieun kagorengan bakal aya rambat kamaléna ka balaréa tur ka diri sorangan. Sajaba ti aturan nu ditataan di luhur, étika papakéan nu merenah atawa étika nalika paamprok jeung nu lian diatur deuih dina siksa kandang téh.

Demi siksa kurung wengkuanana leuwih jembar deui, nyaéta saréngkak saparipolah jeung ahli agama (pandita). Sabab sagala rupa aturan kapan geus dipasinikeun ti bihari, ngaliwatan téks téks dina kitab suci. Saupama manusa geus paham kana eusining éta kitab-kitab téa, hartina éta manusa téh kudu nyaho kana sipat, guratan, watesan, katut jawaban tina laku lampah kahirupanana sorangan. Ana geus kitu mah, éta manusa geus hasil enggoning napak lacak tapak Déwa Brahma jeung Wisnu.
Undak deui ti dinya aya siksa dapur. Siksa dapur mah hakékat tina sagala ajaran-ajaran saméméhna. Mangrupa aci-aciningna manusa nu geus bisa meuseuh kahirupan profanna, nujul kana kahirupana nu transenden, ku baktina nu satia ka guruna, sang pandita.

 
Bagian ka-2 –

Siksa Kandang, Siksa Kurung, Siksa Dapur

 
EUSI
Ini siksa ka(n)dang ngaranya, siksa kurung, siksa dapur. Kalinganya: na siksa kandang ma ngara(n)na, sakuliling sarira. Jeujeueung ma na halwaan, halwaan si panghawanan, na ni(ng) panglu(ng)guhan, iña éta na ingetkeuneun deung urang. Maka iyatna-yatna! Sugan urang asup tepas, asup dalem, hanteu ngeunah lamun hanteu dayeuhanana. Ya siksa kandang ngara(n)na.
Masa urang paparan, hanteu ngeunah palar cidera ku pangeusi huma sakalih, ku pangeusi kebwan sakalih. Mangka nguni hiris meubeut ceuli, lamun kacang meubeut tarang, ngala tu(n)da ngala ka(n)tenan, nurunkeun sadapan sakalih. Hanteu ngeunah ngising di pi(ng)gir jalan, sugan kaa(m)beu ku nu bangah, bisi kasumpah kapadakeun, ambu, /5r/ ayah, pangguruan. Mulah mwa maké cangcut pangadua, sugan urang pajeueung deung gusti deung mantri, mulah mwa ngidal, pangadwakwakwa(ng)keun. Ya siksa k(an)dang ngaranya.
Siksa kurung ma, sakarma deung sang pan(di)ta. A(ng)geus ma hanteu ngeunah ngareuseuh beunang diheueum, ngarumpak sanghya(ng) siksa. Lamun a(ng)geus ñahwa diwuku-wuku dina leukeur-leukeur, dangda-dangdi sipat geuing, pangguratan, pangguritan, pangwaleran, pangwatesan. Satapak Hya(ng) Bra(h)ma Wisnu, basa ngawatesan bwana. Yata siksa kurung ngaranya.
Na siksa dapur ma ngara(n)na, ngadapetkeun puhun, ngahusir tangkal ku geui(ng) na bakti satia, di sang pandita. Ya siksa dapur ngara(n)na. Nihan sinangguh siksa kandang, ngaranya ling maha pandita.

TARJAMAHAN:
Nya ieu nu disebut siksa kandang, siksa kurung jeung siksa dapur téh. Maksudna, siksa kandang téh, aya disakuliling diri anjeun. Ningali rupa-rupa gogoda, gogoda dina perjalanan, atawa dina panglungguhan, nyaéta nu kudu diinget ku urang. Mangka perhatikeun sing iyatna! Sugan urang asup ka buruan, ka imah, moal ngeunah lamun urang lain nu dumuk di dinya. Éta nu disebut siksa kandang téh.
Mangsa urang indit-inditan, teu hadé boga niat deleka, ka batur nu boga ‘huma’, atawa batur nu boga kebon. Ku kituna, hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang. Nyokot teuteundeunan atawa nu geus puguh nu bogana, nurunkeun sadapan batur. Teu hadé urang ngising di sisi jalan, bisi kaambeu ku nu balangah, engkéna bisi disumpahan jeung disalahkeun: ku indung, bapa, jeung paguron. Sawadina urang maké calana jangkep, bisi urang panggih jeung raja jeung mantri, urang kudu aya di kéncaeunana turta dongko. Éta nu disebut siksa kandang téh.
Siksa kurung mah, saréngkak saparipolah jeung para pandita. Jeungna deui hanteu hadé ngaganggu naon nu geus disapukan babarengan, ngarempak sanghyang siksa. Lamun enggeus mikanyaho sagala buku dina gulungan-gulungan (kitab), hukuman tina arah nu geus ditangtukeun, guratna, susunanna, jawabanna, watesanana. (Hartina urang geus) nuturkeun tapak Dewa Brahma jeung Wisnu, nalika ngawatesanan alam dunia. Nyaéta nu disebut siksa kurung téh.
Ari nu disebut siksa dapur mah, ngahontal sumberna, meunangkeun inti ku kasadaran kana bakti jeung satia ka sang pandita. Nya éta nu disebut siksa dapur. Nya ieu nu yang disebut siksa kandang, piwuruk ti Maha Pandita.

 

 

 

Cag.

Published in: on 22 Januari 2012 at 7:04 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

– TRIMALA & TRIMALA WISESA –

Dina bagian ieu, pangarang téks Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) museurkeun pangajaranana kana ucap, lampah, jeung tékad nu aya dina diri manusa. Éta tilu poténsi manusa téh kudu dijaga kalawan enya-enya. Ucap, lampah, jeung tékad jadi cicirén kapribadian jalma.

Nu kaasup kana trimala téh nyaéta ucapan (sabda), paripolah (ulah), jeung maksud (ambek) nu teu merenah. Ucapan nu teu merenah di antarana: nyarékan tanpa sabab, ngahina, nyumpahan, nyela omongan, neluh, ngupat guru, sakur omongan nu teu merenah. Paripolah nu teu merenah di antarana: notok, nakol, newek, neunggeul, ngadagorkeun, nampiling, katut sakur paripolah hampang leungeun. Ari nu kaasup maksud (pikiran) nu teu merenah di antarana: ngira-ngira, nipu, mitnah, neluh, nganyenyeri haté, jeung goréng sangka. Sakabéh nu teu merenah éta nu ngotoran tilu poténsi manusa téh.

Saupama trimala keuna ka jalma nu nyekel kakawasaan (prabu, rama, resi, jeung tarahan) disebutna trimala wisésa. Temahna, nu nyekel kakawasaan bakal sangeunahna dina ngajalankeun kakawasaannana. Aya nu keur susah kalah dijual atawa dijieun budak beulian, dirampas hakna, nepi ka dipaéhan. Nu kitu cenah nu jadi bibit buit kasangsaraan sarta jadi cicirén datangna mangsa kaancuran (kaliyuga) téh.

 

EUSI

 
Carékna Sanghyang Tu(ng)gal: “Na naha piangeneunana[1], sang hya(ng) pustaka ini? Kéna karah aing dék ngab(e)jalkeun carita, metuna sanghya(ng) siksa guru, ti sanghya(ng) siksa.” [Ndeh nihan sang hya trikaya madala parisuda ngaranya Trika]

Ini ma na timpalkeuneun, mulah dék mitemen[2] iña sang séwaka darma. Na puhun awah-awuh, tangkal ning /14v/ papa (ka)lésa, wwit ning kaliyuga, hétu ning papa ning (na)raka. Ngara(n)na, trimala, guna.

Nihan lwirnya[3]: ika sinangguh trimala ngaranya, kadyangganing gangsa lawan malam, tambaga lawan timah. Apa ta kangken[4] tambaga lawan timah?

Ning kang tridusta: (sabda tan yukti), ulah tan yukti, ambek tan yukti. Ginawayaken sabda mahala, ulah mahala, ambek mahala.

Ini byaktana, ulah mahala: notok mokol, newek meureup, ngadeudeul, no(ñ)jok ñakétro(k), nampar na(m)pélang, sakwéh[5] ning lekas tangan, ya ulah mahala, ngaranya.

Sabda mahala ngara(n)na: torong gasong tanpa karana, campe(la)k sabda, ñumpah madahkeun, ngadudu, neluh, ngupat guru, sakwa(é)h ning sabda tan yukti, ya sabda mahala ngaranya.

Ambek mahala ma ngaranya: kira-kira, budi-budi, ngajerum, ngagunaan, mijaheut[a] /14r/ [t]an, nganeluh[6], ngaracun, hiri paywagya. Ageus ma nu mupu maling papa(ñ)jingan[a] méda rungahadang. Sing sawatek tan ywagya, dipitwah dipih(e)dap, ya éta ambe(k) mahala. Yata sinangguh trimala ngaranya.

Nihan sinangguh trimala wisésa ngaranya. Hana ya di sang prabu, rama, resi, mwang tarahan. Ini byaktana, aya ta kajeueung nu duka, dijual dihulunkeun, dirampas dipihéhan. Yata sinangguh pañca kapataka ngaranya, sinangguh trima(la) wisésa ngaranya, ling sang pandita (3).

 

TARJAMAHAN
Carékna Sang Hyang Tunggal: “Naon atuh lenyepaneunana, tina ieu buku suci téh? Ah, sababna alatan kami dék ngagelarkeun carita, gelarna sanghyang siksa guru (ajaran suci guru), tina ‘sanghyang siksa’ (ajaran suci).
Ieu pikeun babandingankeuneun. Ulah dék ngukuhan nu kitu wahai nu ngarabdi kana darma! Tanwandé jadi sumber tina bancang pakéwuh, sumber tina/14v/ kasangsaraan tur kahinaan, awal tina jaman burakrakan, cukang lantaran kasangsaraan di naraka. Éta disebutna téh, trimala (tilu kaayaan kotor), (dina) laku lampah.
Nya ieu wujudna téh. Ieu nu disebut trimala, lir ibarat gangsa jeung lilin, tambaga jeung timah. Naon nu diibaratkeun tambaga jeung timah téh?

Ieu tilu kajahatan téh: ucapan nu teu merenah, paripolah nu henteu merenah, maksud nu teu merenah; ngalakukeun ucapan nu jahat, laku lampah jahat, maksud yang jahat.
Ieu tegesna paripolah jahat: notok, nakol, newek, meureup, neunggeul, nonjok, nenggarkeun, nampiling, jeung sakur laku lampah tina hampangna leungeun, nya éta nu disebut laku lampah jahat téh.
Nu disebut ucapan jahat: nuduh jeung nyarékan tanpa sabab, ngalélécé dina omongan, nyumpahan sarta moyok, nyela, neluh, ngupat guru, katut sakur omongan nu teu pantes, nya éta nu disebut sabda mahala (ucapan jahat) téh.
Nu disebut maksud jahat: ngira-ngira, nipu, mitnah, nyihir, nganyenyeri ati, /14r/ neluh, ngaracun, hiri dengki jeung goréng sangka. Kitu deui nu ngala pepelakan batur, maling, asup tanpa idin, napsu pikeun ngarogahala. Sakur nu henteu pantes, dilakonan sarta diniatan, nya éta nu disebut maksud jahat téh. Nya éta nu disebut trimala téh (tilu kaayaan kotor).
Nya ieu nu disebut ‘trimala wisésa’ (tilu ceda dina kakawasaaan). Ayana di sang prabu, rama, resi jeung tarahan. Ieu écésna mah: aya nu katingali keur susah, kalah dijual dijieun budak beulian, atawa dirampas jeung dipaéhan. Nya éta nu disebut ‘pancakapataka’ (lima kasangsaraan), disebut ogé ‘trimala wisesa’ (tilu kaayaan kotor dina kakawasaan), omongan Sang Pandita (3).

 

 

 

Cag.

Published in: on 22 Januari 2012 at 6:53 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

– PANCABYAKTA –

Bagian ieu ogé dimimitian ku siloka. Sok sanajan judul pedaranna pañcabyakta (lima bukti, lima kanyataan), tapi istilah-istilah nu dijéntrékeunna mah lain lima, tapi aya 11 kecap. Istilah-istilah éta téh kacida héséna ditarjamahkeun sacara harfiah, tapi, copélna bisa dipikaharti maksudna tina pedaranana.
Eusi
Nihan sinangguh pañcabyakta ngaranya, silwakanya nihan:

“sélajanem surawilé, panatarga sudyacawa,
prayagamanem cégamaswa céwamibah krermawidu,
céwayudé (da)nakalem ma supregrahasta“
/siloka 5/

Ka: sélajanem ngaranya, ñapira ngahanteu-hanteu , lamun lémék matingtim /8v/ di hareupeun nu kwalwat. Surawilé ngaranya, ñapirakeun manguni lémék mati(ng)tim, hanteu maké pangabakti, ka sang pandita, deung hanteu ngeunah wedak-wedakan, kaambeu ku nu réya. Aswagatah kunang panatarga ngaranya, hanteu ngeunah ñusutk(eu)n hu(n)tu, deung masa(ng)géréng di hareupeun nu réya. Sudyacawa ma ngaranya, hanteu ngeunah urang niru-niru kaulinan hempul murus. Praya sang magamata ma, hanteu ngeunah urang padeuleu-deuleu deung sang hya(ng) kalih, mangka nguni padu na muka, padeuleu-deuleu beungeut, ka nu karolwat, mangka nguni mupulihkeun manéh nyatu nginum di hareupeun nu réya. Céwamaswatéh ngaranya, téka salah dipihdip dipiange(n)-angen, ka pada janma. Céwamibuh ngaranya, gwacé rua, gwacé tuah, hamwa nurut pamagaha/8r/n. Karmawidu ngaranya, kesit tungi haseum barungut, rungsang-ru(ng)sing na pibudieun janma. Céwayudé ngaranya, gwacé rua, gwacé tuahna, gwacé pupu [ci/cu] na, sinangguh kanistra ning janma. Céwayudé ngaranya, surang pragwajak, bwagwah ñwacwao sabda pariambul ka sakalih. Danakalem ta ma ngara(n)na, hanteu dé(k) haat karuña, héman pada janma, na angen-angen gedé kaceuceub. Suprigrehasta ngaranya, gedé nu dipikahayang, dipilémék ange(n)-angen, dibaan lémék dimangké ma(ng)ké, geus ma hanteu kaswarang. Nihan sinangga pañcabyakta ngaranya, hayu(a) pinintuhu ika (5).

Tarjamahan
Ieu nu disebut pañcabyakta (lima kanyataan) téh. Ieu silokana:

sélajanem surawilé panatarga sudyacawa,
prayagamanem cégamaswa céwamibah krermawidu,
céwayudé danakalem ma supregrahasta.
/siloka 5/
Maksudna, nu disebut selajanem téh, nyapirakeun jeung ngahenteu-henteu, upama keur nyarita atawa babadamian hareupeun nu kolot. Nu disebut surawile, nyapirakeun dina nyarita, teu dibarengan ku tatakrama, ka sang pandita. Ogé teu hadé maké wedak (dangdan kaleuleuwihi), laju kaambeu ku jalma lian. Aswagatah kunang panatarga disebutna, teu hadé ngosokkan huntu, jeung nyanggéréng di hareupeun jalma réa. Nu disebut sudyacawa, henteu hadé urang niru-niru kaulinan Sang Empul Murus. Nu disebut Praya Sang Magama, henteu hadé urang paadu teuteup jeung jalma lian, utamana nalika paamprok, silih teuteup pameunteu, ka nu leuwih kolot, sumawonna wawanianan nyaritakrun yén dirina enggeus dahar jeung nginum hareupeun jalma réa. Nu disebut cewamaswateh téh, salah dina pikiran jeung kahayang, ka papada manusa. Nu disebut céwamibuh, goréng rupana, goréng kalakuanana, teu daék gugon kana piwuruk. Karmawidu disebutna, jamedud buad-baeud, teu daék nanya ka batur, haseum budi, murang-maring dina parangina. Céwayudé disebutna, goréng rupa, goréng kalakuanana, goréng ogé hasil (pagawéanana), nya ieu kanista dina manusa téh. Nu disébut Céwayude, beuki heureuy, beuki ngaheureuykeun, pada-pada ngomong ka jalma lian. Danakalem disebutna, teu daék miduli, mikaasih, tur mikahéman ka pada jalma, dina haténa ukur pinuh ku kaceuceub. Suprigrehasta disebutna, gedé kahayang, gedé omong dina kahayang, dina nyarita sok kadalon-dalon, padahal saenyana teu kahontal. Nya ieu nu disebut pañcabyakta (lima kanyataan) téh, ulah diturutan hal nu kawas kitu téh.

 

 

Cag.

Published in: on 22 Januari 2012 at 12:53 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

– CATURUPAYA –

Caturupaya hartina opat tarékah atawa opat usaha pikeun ngahontal tujuan. Tujuan nu rék dihontalna taya lian pikeun jadi manusa nu sampurna ngajalankeun tugasna di alam dunya. Pedaran ngeunaan caturupaya téh dimimitian ku siloka nu diwangun ku dua padalisan. Dina sapadalisanna ngandung dua kalimah nu ditandaan ku ayana tanda baca (fungtuasi) dina naskahna. Sanajan dina pedaranna mah aya dalapan istilah nu ditétélakeun, tapi bawirasa nu dimaksud ku istilah ‘catur’ (opat) nya dumasar kana jumlah kalimah nu aya dina siloka éta, nyaéta (1) alékiem sitem getem, (2) jrebanem kadaranem, (3) sudem palaharasiem, jeung (4) nakabatéh.

 

Aya sawatara nu perlu dicatet tina istilah-istilah Sansekerta nu ditataan di luhur téh,

 

  • alékiem téh tina basa Sansekerta ālekhana nu hartina ‘gambaran, lukisan’ (Z 24). Harti ieu téh luyu jeung pedaran dina téks nyaéta henteu hadé murid nu hayang séwaka darma nyokér taneuh, nulis-nulis padung, jeung panglungguhan saré.
  • sitem tina sita ‘bodas?’ (Z 1105). Ma’nana henteu jelas, ningali konteksna naha nu dimaksud téh huntu anu bodas?
  • getem tangtu tina gīta (Skt) ‘nyanyian, lalaguan’ (Z 300), nu matak narik téh dina bagian ieu disebutkeun kecap ngawih jeung ngidung. Naha ngawih jeung ngidung nu dimaksud téh ngandung harti lalaguan sacara umum, atawa ngandung harti téknis, saperti aturan wirahma (métrum), jsté? Pedaran nu leuwih jéntré kungsi dimuat dina Cupumanik No. 79 kaca 25-29.
  • jrebanem tina Skt jrmbana ‘heuay?’ tapi dina konteks ieu mah patali jeung kaayaan beuteung.
  • kadaranem tina Skt dharana ‘kasangsaraan’, luyu jeung pedaran yén jalma téh teu meunang humaregung ogoan, némbongkeun katuna jeung kasangsaraan dirina.
  • sudem tina sudha ‘suci, beresih’, maksudna kaayaan haté jeung pikiran kudu diusahakeun beresih, teu meunang api-api, beungeut nyanghareup ati mungkir.
  • palaharasiem tina Skt phalāhāra (Z 736) ‘ngadahar bungbuahan’, dumasar konteksna mah jigana nu dimaksud téh dahar saperluna, jeung nu didahar nyaéta naon anu jadi hakna, lain ngadahar hakna batur.
  • nakabatéh ma’nana teu jelas, tapi tina pedaranna mah nuduhkeun paripolah teu sopan ka nu jadi guru.
Published in: on 22 Januari 2012 at 12:10 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

– PANCAWEDANI –

SANGHYANG SASANA MAHA GURU (SSMG) mangrupa téks Sunda kuna nu kawilang penting pikeun urang Sunda, ku sabab di jerona euyeub ku ajaran kaagamaan masarakat Sunda dina abad ka-16. Teu kurang ti 48 konsép kaagamaan nu diagem ku urang Sunda mangsa saméméh Islam sakumaha nu kaunggel dina SSMG téh. Ti mimiti Cupumanik édisi ayeuna, bagian-bagian dina SSMG téh baris dideres ti awal nepi ka ahir, pikeun méré lolongkrang guneman diskusi nu leuwih jembar.

 
Bagian awal SSMG dimimitian ku pedaran ngeunaan pañcawédani. Pancawédani téh mangrupa jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng. Nu jadi jalan pikeun nyucikeun jiwana téh suméndér kana lima perkara, nyaéta bwah (hasil), paksa (maksud), huning (pangaweruh), temen (enya-enya), jeung daék (kahayang) nu teu kapalang. Saenyana lima perkara ieu geus jadi poténsi dasar manusa. Dina ieu bab, pañcawédani téh dibéjér béaskeun deui kekecapanana. Pañca hartina lima, wé hartina cai, jeung dani hartina sapu nyéré.

 
Cai jeung sapu nyéré dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak. Sapu nyéré ogé sok dipaké pikeun mersihkeun runtah di buruan. Dina téks-téks Sunda kuna, kaayaan bersih haté mindeng dibandingkeun jeung kaayaan buruan nu geus disapukeun. Sanggeus nyieun arca, Bujangga Manik nuluykeun puja nyapu, tepak deku muja ka nu kawasa mersihkeun pikiran jeung haténa.

 
Anggeus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
kumacacang di buruan.
(Bujangga Manik 1292-1294)

 
Sangkan bisa ngabersihan jiwana, sang séwaka darma kudu bisa ngungkab tur ngamangpaatkeun poténsi dirina. Ngaguar poténsi diri téh bisa ku cara ningali sabudeureun alam. Manusa ngalaman prosés diajar ngaliwatan interaksi jeung alamna.
Bwah (hasil) téh salasahiji poténsi nu aya dina diri manusa. Lir ibarat dunya, nu teu ingkah sanajan dikakaya ku manusa tetep ngamalkeun pancénna. Hasil gé teu bina ti kitu, moal obah najan diganggu ku rupa-rupa perkara, gumantung kana tékad jeung ngalaksanakeun tékadna téa.

 
Paksa (maksud) manusa kudu kawas cai, mangpaatna bisa kaala saupama bijil ti huluna, tina sirah cai nu can kalimpudan ku kokotor. Tujuan manusa kudu bersih wening kawas cai ti mimiti migawé hiji hal nepi ka réngséna lir ibarat kamalirna cai nu tetep hérang ti sirahna nepi ka ngamuara di sagara.
Huning (pangaweruh) téh kudu saperti angin, nu bijilna ti béh kulon. Angin nu datangna ti béh kulon sok disebut ogé angin musim barat, nyaéta angin nu mawa berkah hujan ti bulan Désémber nepi ka Februari. Manusa nu huning hartina geus mampuh méré pangaweruh nu mangpaat pikeun jalma-jalma sabudeureunana.

 
Temen (enya-enya) téh dipapandékeun kana seuneu jeung ganggaman (pakarang). Seuneu mangrupa élemen nu kuat pikeun nyieun pakarang. Pakarang nu dipeupeuh jadi simbol kadariaan pandayna.
Daék (kahayang) nu henteu kapalang téh dipapandékeun jeung panon poé nu salawasna medal ti béh wétan. Sanajan kapindingan halimun atawa méga nu ceudeum tetep pengkuh nyumponan kawajibanana ku sabab kasadaranana kana pancén.

 
Bagian 1 – Pañcawédani
Eusi:
Ndeh Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang pustaka. Sasana ma ngaranya urut nu ti heula. Maha ma nu leuwih ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun nikang rat kabéh.
Hana upadyanta kadya(ng)ga ning manik kanarga, lawan manik sawéstra. Yéka puhuning suka duka, hala hayu. Byaktanya nihan: Bwah paksa, huning t(e)men, daék mwa kapalang.
Kalinganya: bwah ma sanghya(ng) pratiwi, basana dipahayu, diturunkeu(n), ditaék(k)eun, dicamahan, dicampuran, hanteu susut hanteu pu(n)dung hanteu geurah hanteu bijah, keu[deu]deung deung langgeng ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.
Paksa ma cai, alaeunana ma, basana biji[h]l ti huluna. Téka bwar hérang tiis rasana. Geus ma hanteu kawurungan, teka ri sagara. Sa/4v/kitu na turutk(eu)neun sang séwaka darma.
Huning ma ngaran angin, alaeunana ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil medeng di bwana. Sakitu na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.
T(e)men ta ma ngaraning ka apuy deungeun ga(ng)gaman. Ti iña éta dipipakeunnakeun ku nu réya, ku geui(ng) na temen.
Daék éka ma ngaranya, Sanghyang Aditya, basana m(e)tu ti bwana wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus ku sanghub, teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana. Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma. Mulah mwa iyatna-yatna di Sanghya(ng) Pasangkanan. Nihan sina(ng)guh pañcawédani ngaranya. Panca /5v/ ma watek lima, wé ma cai, dani ma sapu ñéré.

 
Tarjamahan:
Nya ieu pustaka suci Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna manusa.
Aya jalan tindakan nu kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu kapalang.
Maksudna: bwah (hasil) téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran, dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan kaduniawian). Enya kitu! Éta nu kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).
Paksa (maksud) téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma (hukum).
Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.
Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.
Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup) di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah. Sakitu nu kudu diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.

 

 

hanca

 

Cag.

Published in: on 22 Januari 2012 at 12:06 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

– MANGGALA –

Bagian ka tilu dina Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) téh nyaéta pedaran ngeunaan dasawredi. Pedaranna bisa dibagi jadi dua bagian. Nu kahiji nyaéta manggala (bubuka) ti pangarang kana hasil karyana, dibarung sasambat ka para déwa nu disembahna sangkan meunang anugerah. Bagian nu kadua ngabahas Dasawredi, nyaéta sapuluh wangun tulisan dina rupa-rupa media. Dina pedaran ayeuna mah nu rék dibahas téh ngan bagian kahijina.

Déwa-déwa anu disebut dina bagian manggala di antarana: Batara Gana (Ganésa), Batari Durgi, jeung Déwi Swaraswati. Batara Gana téh putrana Siwa. Disebut Gana téh tina Ganapati (gana= gajah; pati = pamingpin), ku sabab wujud sirahna mangrupa gajah. Dumasar Ādiparwa (I.74-78) nya Batara Gana nu mangnuliskeun kitab Mahābhārata téh, bagawan Wyasa nu ngadiktékeunana. Batara Gana disambat dina manggala ieu téks ku sabab dianggap bisa nyingkahan halangan harungan sajeroning pangarang nyieun karyana. Durgi atawa Durga téh déwi satungkebing alam. Batari Durga dipuja ku nu nulis pikeun ménta panangtayungan. Dina kitab Mahābhārata Déwi Durga ogé sababaraha kali némbongan, di antarana nalika Durga méré anugerah ka para Pandawa nalika nyamur di kota Wirata (Wirataparwa VI), jeung nalika Arjuna jeung Kresna muja ka Déwi Durga méméh perang Bhāratayudha (Bhismaparwa XXIII).

Demi Swaraswati (Saraswati) téh déwi pangaweruh jeung kawijaksanaan dina kapercayaan Hindu. Dina kitab-kitab Purana, déwi Saraswati téh saktina (pamajikanna) déwa Brahma. Rupana déwi Saraswati geulis, kulitna beresih, sipatna daréhdéh deuih. Raksukan nu dianggona sarwa bodas ngaplak bari lungguh dina kembang padma (taraté) . Pananganna aya opat, masing-masing nyepengan: wina (kacapi), aksamala (tasbéh), damaru (kendang leutik) jeung pustaka (buku/koropak lontar).

Dina bagian manggala ieu aya catetan penting patali jeung kalungguhan nu nulis jeung nu maca. Tina kalimah “tinulis dé sang pandita, pinaca dé sang apunggung” (ditulis ku pandita dibaca ku nu teu ngarti/bodo) katitén yén ieu karya téh ditulis ku sang pandita pikeun sang apunggung sangkan nambahan pangaweruhna. Diwuwuhan ku ungkara winaleran dé sang kawi (diuger ku sang kawi/bujangga). Kecap winaleran ngandung harti pasif ‘diwatesan, diuger’, naha nu dimaksud téh sang kawi boga pancén nganggit hiji karya kana wangun ‘puisi kauger’?

EUSI


Niha/6r/ n kayatna-yatna sang séwaka darma, pawuitan sanghya(ng) sastra, mala murtinya nguni, katekan mangké.
Ndah ta pawuitan sanghya(ng) sastra. Nihan lwirnya: sasurup sanghya(ng) sriwar Aditya, gumenti sanghya(ng) ratri (Nskh: ratsi). Trepti treptwa pagawé wéwa laksana. Tatwa kala Batari Durgi.
A(ng)regu ta jantra Sri Batara Gana, sina(m)buratkeun ri(ng) manusa madyapada, matemahan ta ya gebang lawan lwa(n)tar, tipuk diwasa pupus gebang lawan lwa(n)tar. Tinut pinada pada, lwané lawan dawané, tinitisan asta gangga wira tanu.

Apa ta sinangguh (asta) gangga wira tanu? Asta ngaraning tangan, gangga ngaraning bañu, wira ta ngaraning panurat lawan panuli, tanu ngaraning mangsi. Tinulis dé sa(ng) pandita, pinaca dé sang apunggung /6v/ tambah uni uningana, winaleran dé sang kawi.
Nguniwéh cinaritakeun ta dasapurwa.
ONG Swaraswati Tarajñana Cintamanik! Katuna ma ta na bayu, pamutyan Batara Guru, batara sang sida panta titira lemah, sang sida pandata tita(h) ring langit, Kusika Garga Méstri Purusya Pata(ñ)jala, mwang bayu sabda hdap, nguniwéh ikang sang manwan, apan sang hya(ng) itung ika.
TARJAMAHAN
Ieu nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, asal usul tulisan suci, wangun cedana ti baheula, nepi ka kiwari.
Nya ieu asal usul tulisan suci téh. Ieu sasaruaanana: sasurupna panon poé, digantikeun ku peuting. Ngarasa sugema tur bagja sabab sagala pancén bisa kalaksanakeun. Hakékat waktu (anugerah ti ) Batari Durgi.
Hasil tina benduna Sri Batara Gana, nu nyalabarkeun manusa di madyapada. Ngajadikeun gebang jeung lontar, ngajadikeun témbong waktuna pupus, gebang katut lontar. Dituturkeun tur diturutan, rubakna katut panjangna, dititisan asta gangga wira tanu.
Naon saenyana asta gangga wira tanu téh? Asta hartina leungeun, gangga hartina cai, wira hartina kalam jeung koas, tanu hartina mangsi. Ditulis ku sang pandita, dibaca ku nu bodo (sangkan) nambahan pangaweruhna, diuger ku sang kawi (bujangga).


Saperkara dicaritakeun dasapurwa (sapuluh awal).
ONG Swaraswati Tarajñana sang mutiara pikiran! Kakurangan ayana dina tanaga. Tempat mutiara (ayana di) Batara Guru, batara ti golongan nu sampurna utusan lemah, sang pandita nu sampurna utusan langit: Kusika, Garga, Méstri, Purusya, Patanjala; ogé bayu (napas), sabda (ucap), jeung hedap (pikiran); kitu deui Sang Manon (Nu Maha Ningali), sabab Anjeunna nu nyieun balitungan.

Cag.

Published in: on 21 Januari 2012 at 11:51 pm  Comments (2)  

– PANCAIYATNA –


Dina Sanghyang Sasana Maha Guru téh nerangkeun perkara pañcaiyatna. Pañcaiyatna téh hartina lima perkara anu kudu diperhatikeun enya-enya ku murid anu rék nyampurnakeun baktina kana darma. Ieu bagian dimimitian ku siloka. Éta siloka téh mangrupa parafraseu anu satuluyna dipedar dina eusina. Dina bagian ieu, urang hésé pikeun nangtukeun maksud kecap panca (lima), sabab dina pedaranana jumlah istilah Sansekerta anu diterangkeun maksudna téh ukur aya tilu. Tapi, dina pedaranna mah kapanggih aya lima laku lampah nu dipahing pisan pikeun nu ngarabdi kana hukum, di antarana:

  1. Ulah sohor némbongkeun banda milikna di hareupeun nu kolot atawa jalma réa.
  2. Henteu sura-seuri nalika ngahaturkeun sembah pangabakti,
  3. Henteu dahar jeung nginum hareupeun Sang Pandita (guru),
  4. Api lain nalika batur ménta tulung, jeung
  5. Henteu daék merhatikeun dirina sorangan ngeunaan hal nu mawa kahadéan pikeun dirina.

Jigana lima laku lampah nu ditataan di luhur nu kaasup kana pancaiyatna téh.

Eusi

Pañcaiyatna

Nihan sinangguh pañcaiyatna ngaranya. Ndih ya nihan silwakanya :

“Akwa badwa guru suci, amara lagawame,
hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.”
/siloka 3/

 

Ka: akwa badwa ngaranya, tan dadi ikang sang séwaka darma. Mitwannakeun kwa ba(n)danya ning hareupeun sang matuha, mangka nguni di nu réya . (Am)ara lagaweg ngaranya, téka sumeuri sumarembah, hanteu ngeunah basa ñatu basa nginum, di hareupeun sang pandita. Ahana premadaswaté ngaran(ya), aya ta nu dipikeun ku sakalih , kesit tungi diturutan. Pituaheunnana, hanteu dék meunang /9v/ [minang] mitineungkeun manéh, deung hanteu dék ñ(i)yar na pirampéseunnana. Nihan sinangguh pañca-iyatna ngaranya.

Tarjamahan

Pañcaiyatna

Nya ieu nu disebut pancaiyatna (lima perkara nu kudu diperhatikeun) téh. Nya ieu silokana:

“Akwa badwa guru suci, amara lagawame,
hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.”
/siloka 3/

 

Maksudna, akwa badwa téh, tacan sampurna jadi nu bakti kana hukum. Némbongkeun banda pakaya dirina hareupeun nu kolot, ogé hareupeun jalma réa. Amara lagaweg kasebutna, nyaéta arangah-éréngéh nalika ngahaturkeun sembah. Teu hadé ogé urang barang dahar barang inum, di hareupeun sang Pandita. Ahana Premadaswaté téh, aya nu dipikabutuh ku batur, urangna kalah gancang api lain. Paripolahna téh, teu maliré kaayaan dirina sorangan, jeung teu daék néangan perkara nu mawa kahadéan pikeun dirina. Nya ieu nu disebut pancaiyatna téh.

 

 

Cag.

Published in: on 19 Januari 2012 at 3:10 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

– DASANARAKA –

Dasanaraka téh sacara harfiah mah hartina sapuluh naraka. Tina ieu bab mah harti tina dasanaraka leuwih lega, nyaéta sapuluh kaayaan tina sapuluh indera (dasaindriya) anu bisa jadi cukang lantaran hiji jalma tigebrus ka naraka. Sapuluh indera nu dipiboga ku unggal jalma nyaéta ceuli, panon, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, dubur, purusa (bobogaan), jeung suku teu dimangpaatkeun dina kahadéan, tapi dipaké milampah jahat.

Upama dititénan tina pedaran-pedaran satuluyna dina téks SSMG, saperti dasasila, dasamarga, dasaindria, dasapangaku, dasautama, dasawisésa, dasamahawisésa, jeung dasa-tan kawisésa bakal écés yén aci-acining ajaran nu nyangkaruk dina SSMG téh, neueul kana dasaindria, fitrah nu dipibanda ku manusa.

Informasi nu kawilang penting dina bagian ieu nyaéta ngaran rupa-rupa kasakit nu nyampak dina téks. Leuwih kurang aya opat puluh ngaran kasakit nu ditataan. Sawaréh kasakit nu ditataan masih kénéh dipikawanoh ku urang Sunda kiwari, saperti: congé, torék, pécak, bolor, buta lorongeun (kiwari buta rorongeun), mata kotokeun, pireu, pétal, cadang, tibar, bolongeun, cadél, béngo, bisul, radang, kuris, béang, balas, galigata, kékéd, rémpéng, buntung, kengkeng, kalingsir, burut, pétot, peluh, jeung pateuh. Demi ngaran kasakit nu teu dipikawanoh deui diantarana: putikeun, céang, bilas susuheun, mékmék, deda, béang, kabeuratan, tuju pancar, uireun, lanjo, halang wisaya, lisuh, anjingeun, jeung caniran.

 

Eusi:
Nihan ta muwah sinangguh dasana(ra)ka, nga. Ini byaktana: ceuli, mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, payu, purusa, suku.

Ka: ceuli ngara(n)na, mulah salah déngé, téréh wangwang kapireungeu. Byaktanya: ha/11v/war, cwangé, twarék, cadang. Sakitu pipapaeunnana, dina talinga.

Mata ngara(n)na, mulah sajeueung jeueungna, lamun ka hula(ñ)jar sakalih, astri larangan sakalih, lamun lai(n) bwaga urang. Byaktana ma: pécak, bwalwar, putikeun, céang, buta lwarongeun, mata kwatwakeun, bilas susuheun. Sakitu pipapaeunnana, di mata.

Irung ma ngara(n)na, geura bwagwah saa(m)beu-a(m)beuna, lamun ngambeu [ki] ku biuk hapeuk ku biuk ku hañir, ku hangit, téka dipaké bumaresin, ngahubus. Byaktana ma, mékmék. Sakitu pipapaeunnana dina irung.

Létah ma ngarasa, geura bwagwah sarasa-rasana, lamun ku bira ku tiis, ku bacin, ku haseum ku lada, ku pangsét, téka dipaké usuh-asahan. Byaktana ma: pireu, pétal cadél. Sakitu /11r/ pipa(pa)eunana, di létah ngara(n)na.

Sungut ma ngara(n)na, bwagwah dipaké kumapang-kapang, héngan dipaké sacarék-carékna, mangka nguni dipaké ñumpah madahkeun, ngajak ngapus ka sakalih. Byaktana ma: swa(m)béng, béngwa, deda. Sakitu pipapaeunana, di sungut.

Kulit ma ngara(n)na, bwagwah saprasa-prasana, lamun ku panas ku tiis, ku mérang ku ateul, dipaké gulanggaséhan. Byaktana ma: tibar, bisul, bwalwangeun, radang, kuris béang, saukar balas galigata. Sakitu pipapaeunana, di kulit.

Leungeun ma ngara(n)na, bwagwah dipaké sacokot-cokotna, manguni bwaga sakalih, ka tataneman sakalih, sañarah dipaké meureup newek, nwatwak mwakwal, nampar, ngajambak, ñiwit nga/10v/getil. Byaktana ma: kékéd ré(m)péng, bu(n)tung, kengkeng. Sakitu pipapaeunana, dina leungeun.

Tumbung ngara(n)na, bwagwah sahetut-hetutna, ngising sageusan-geusanna, di pigir imah sakalih, sañarah dipaké muak. Byaktana: kabeuratan, tuju pañcar, kalingsir, uireun. Sakitu pipapaeunana, di tumbung.

Purusa ma ngara(n)na, bwagwah sakiih-kii(h)na, sañarah tu dipaké ngambah lanang wadwan, papa(ñ)jingan, kapiadi kapilañceuk, kapisuan, kapwanakan. Byaktana ma: burut pétwat, lañjwa, halang wisaya, peluh. Sakitu pipapaeunana, di (pu)rusa ngara(n)na.

Suku ta ma ngara(n)na, bwagwah dipaké sati(ñ)cak-ti(ñ)cakna, saleumpang-leumpangna, mangka nguni lamun ngalér ngidul ngulwan ngétan, lamun titarum tipagut, tuluy /10r/ dipaké néjéh. Byaktana ma: lisuh, pateuh, añjingeun caniranan, sakitu pipapaeunana, di suku ngaranya.
Nihan si(n)angguh dasanaraka ngaranya, kayatnakeu(n) na sang séwaka darma, hayua pinintuhu ika.

 
Tarjamahan:
Ieu ogé nu disebut dasanaraka (sapuluh naraka). Ieu écésna: ceuli mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, dubur, bobogaan, (jeung) suku.

Maksudna: nu ngaranna ceuli, ulah salah déngé, gancang hariwang tina naon nu kadéngé. Balukarna: hawar, congé, torék, cadang. Sakitu nu matak sangsara tina ceuli téh.

Panon ulah saténjo-ténjona, upama ka hulanjar batur, istri larangan batur, lamun lain milik urang. Balukarna mah: pécak, bolor, putikeun, céang, buta lorongeun, mata kotokeun, bilas susuheun. Sakitu nu ngajadikeun sangsara dina mata.

Nu disebut irung, resep dipaké saambeu-ambeuna, upamana ngambeu bau hapeuk bau hanyir, hangit, éta laju kalah bersin atawa ngahubus. Balukarna mah: mékmék. Éta nu matak sangsara dina ceuli téh.

Létah mah ngarasa, resep sarasa-rasana, ku rasa bira atawa tiis, ku asin, haseum, ku lada, ku pangsét, éta laju dipaké asal ngasaan. Éta nu matak sangsara dina létah téh.

Nu disebut sungut, sok dipaké ngomong kaleuleuwihi, ngan dipaké sacarék-carékna, ogé dipaké nyumpahan tur nuduh, atawa ngajak nipu ka batur. Balukarna mah: suing, béngo, deda. Éta nu ngajadikeun sangsara, di sungut.

Nu ngaranna kulit, sok dipaké asal ngarasa, upama keuna ku panas jeung tiis, ku mérang ku ateul, dipaké gulinggasahan. Balukarna mah: tibar, bisul, bolongeun, radang, kuris, béang, kaasup balas galigata. Sakitu nu nyababkeun kasangsaraan dina kulit téh.

Nu disebut leungeun, sok dipaké sacokot-cokotna, ogé nyokot banda batur, atawa ka pepelakan batur, sumawonna dipaké meureup, newek, notok, nakol, nampiling, ngajenggut, nyiwit, nyintreuk. Balukarna mah: kékéd, rémpéng, buntung, kengkeng. Sakitu nu nyababkeun kasangsaraan dina leungeun.

Nu disebut dubur, dipaké hitut sakarepna, ngising sangeunahna, di pipir imah batur, ogé dipaké muak. Balukarna: kabeuratan, tuju pancar, kalingsir, uireun. Sakitu picilakaeunana dina dubur.
Nu disebut purusa (kelamin), sok dipaké sakiih-kiihna, sumawonna dipaké ngambah jajaka jeung wanoja, salingkuh, ka kapiadi, kapilanceuk, kapisuan, kapialo. Balukarna mah: burut, pétot, lanjo, halang wisaya, peluh. Sakitu picilakaeunana dina purusa.

Nu disebut suku, sok dipaké satincak-tincakna, leumpang sakarepna, sumawonna upama leumpang ngalér ngidul ngulon ngétan, upamana titajong, laju dipaké néjéh. Balukarna mah: lisuh, pateuh, anjingeun, caniran. Sakitu picilakaeunana dina suku.
Ieu saenyana nu disebut dasanaraka téh, nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, ulah diturutan perkara anu kitu téh!

 

Cag.

Published in: on 18 Januari 2012 at 8:24 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

– DASAMALA –

Dasamala téh hartina nyaéta sapuluh ceda atawa sapuluh kaayaan kotor dina diri manusa. Dina téks-téks Sunda kuna nu lainna, biasana konsép dasamala téh sok disebutkeun babarengan jeung dasakalésa (upamana dina Séwaka Darma: 32 g-h). Ngan dina SSMG wungkul dasamala téh diwincik hiji-hiji. Dina téks Jawa Kuna Kuñjarakarna edisi Kern (1901), dasamala gé kungsi kacatet, ngan eusina aya nu béda jeung naon nu kaunggel dina SSMG. Babandinganna mah bisa ditingali di handap:

No

SSMG

Kuñjarakarna

1.2.3.

4.

5.

6.

7.

8.

9.

10.

sukta,bayatandri

kaléda

lanya

ragastri,

paladarah

baksya bwajñana

kutila

wiwéka

tandri, kléda, leja,

kuhaka,

metraya,

mégata,

ragastri,

kutila,

bhaksabhuwana,

kimburu

 

Sakabéh istilah-istilah nu kaunggel dina dasamala téh bisa dicukcruk kana basa Sansekerta, ngan palebah nerangkeun éta istilah basa Sansekerta téh ngagunakeun basa Sunda buhun.  Boh dasakalésa atawa dasamala nuduhkeun yén dina abad ka-16 masarakat Sunda bihari leuwih katangén sipat budistis­-na.

Tulisan :

Nihan ta muwah sinangguh dasamala ngaranya, nihan silwakanya:

“wigatah mala duken, kurwanti kusalah mahat,

gawayaken sutem citem, budi hiyeum maguh narakem,

Kananga taka ri kita, sami batang marakarma.

/siloka 2/

Yan datang ri kita, mara[g]karma, ngaranya: sukta, baya, tandri, kaléd[r]a, (laña), ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, wiwéka.

Ka: sukta ngaranya, beuki héés, kalipikeun mitañakeun pirampéseun, deungeun na piutamaeunnana swarangan, kalipian miguna na ngeunah tineung, deung micarék na rampés di nu réya, yata sinangguh sukta ngaranya.

Baya ngaranya, bwarang mitañakeun manéh, bwarang naña ja ngarasa manéh kwalwat, bwarang micarék na rampés, yata baya ngaranya.

Tandri ngaranya, mumulan naña ja ngarasa manéh ireg, mumul miguna na ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya, ya tandri ngaranya.

Kaléda ngaranya, takut miguna na ngeunah tineung ka nu réya, takut mitañakeun manéh, ya kaléda ngaranya.

Laña ngaranya, supen naña ja ngarasa manéh ireg, supen bakti ja ngarasa manéh kwalwat, supen bakti ja ngarasa manéh beu(ng)har, /12r/ (ya)ta laña ngaranya.

Ragastri ngaranya, bwagwah dék suka swanita deung hayang dék beu(ng)har, ragastri ngaranya.

Paladarah ngaranya, hayang di rara hulanjar, astri larangan sakalih, ya paladarah ngaranya.

Baksya bwa(j)ñana ngaranya, tan hana magaway hayu, ya bwa(j)ñana, nga, bwagwah ñatu, bwagwah nginum, deung hje(?) kéna kabeukina dituwukan na sadrasa, yata baksya bwa(j)ñana ngaranya.

Kutila wiwéka ngaranya, dimangké-mangké dék miguna na ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya. Yata sinangguh dasamala ngaranya, ling sang pandita.

Tarjamah :

Ieu ogé nu disebut dasamala (sapuluh ceda). Nya ieu silokana:

“Indit tina kasangsaraan, nepika jadi jalma nu suci,

Milampah niat nu hadé. Budi goréng tempatna di naraka,

Anjeun lir ibarat kembang kananga, (jeung) catang sami nu katalangsara.

/siloka 2/

Sabab geus datang ka aranjeun, paripolah jahat, nu disebut: sukta, baya, tandri, kaléda, lanya, ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, miwédéka.

Maksudna, nu disebut sukta (poho) téh, beuki héés, mopohokeun pikeun nanyakeun perkara nu mawa kahadéan, ogé dina perkara nu panghadéna pikeun dirina. Poho pikeun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu alus, jeung ngomongkeun kahadéan ka jalma réa. Éta nu disebut sukta téh.

Baya (sieun) hartina, sieun tatanya ngeunaan kaayaan dirina sorangan, sieun tatanya sabab ngarasa dirina kolot, sieun nyarita perkara kahadéan, nya éta nu siebut baya téh.

Tandri (mumul) hartina, teu daék tatanya da ngarasa dirina bodo, mumul barang gawé kalawan niat nu hadé, kitu deui mumul nyarita perkara kahadéan ka nu lian, nya éta nu disebut tandri téh.

Kaléda (asa-asa) hartina, sieun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu hadé ka nu lian, sieun nanya perkara dirina sorangan, nya éta nu disebut kaléda téh.

Lanya (sulit) hartina, hésé tatanya sabab ngarasa dirina bodo, hésé ngabakti tina rumasa dirina kolot, hésé ngabakti sabab rumasa dirina beunghar ku pakaya. Nya éta nu disebut lanya.

Ragastri (nafsu) hartina, kagégéloan ku wanoja, ogé upama hayang jadi jelma beunghar. Nya éta nu disebut ragastri.

Paladarah (nafsu ka awéwé) hartina, mikahayang awéwé nu geus dicangcang, pamajikan larangan batur, nya éta nu disebut paladarah téh.

Baksya bwajñana (nafsu kana kadaharan) hartina, teu daék milampah kahadéan, baksya bwajñana ngaranna. Beuki dahar, beuki nginum, tina sabab kabeukina wungkul kana dahareun nu sarwa ngeunah. Nya éta nu disebut baksya bwajñana téh.

Kutila wiwéka (kaputusan licik) kasebutna, diengké-engké upama rék milampah perkara nu hadé, ogé dina nyarita nu bener ka jalma lian. Nya éta nu disebut dasamala téh, ucap sang pandita.

Cag.

Published in: on 18 Januari 2012 at 7:18 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

SANGHYANG SASANA MAHA GURU (SSMG)

 

SANGHYANG SASANA MAHA GURU  mangrupa téks Sunda kuna nu kawilang penting pikeun urang Sunda, ku sabab di jerona euyeub ku ajaran kaagamaan masarakat Sunda dina abad ka-16. Teu kurang ti 48 konsép kaagamaan nu diagem ku urang Sunda mangsa saméméh Islam sakumaha nu kaunggel dina SSMG téh. Ti mimiti Cupumanik édisi ayeuna, bagian-bagian dina SSMG téh baris dideres ti awal nepi ka ahir, pikeun méré lolongkrang guneman diskusi nu leuwih jembar.

Bagian awal SSMG dimimitian ku pedaran ngeunaan pañcawédani. Pancawédani téh mangrupa jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng. Nu jadi jalan pikeun nyucikeun jiwana téh suméndér kana lima perkara, nyaéta bwah (hasil), paksa (maksud), huning (pangaweruh), temen (enya-enya), jeung daék (kahayang) nu teu kapalang. Saenyana lima perkara ieu geus jadi poténsi dasar manusa. Dina ieu bab, pañcawédani téh dibéjér béaskeun deui kekecapanana. Pañca hartina lima, wé hartina cai, jeung dani hartina sapu nyéré.
Cai jeung sapu nyéré dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak. Sapu nyéré ogé sok dipaké pikeun mersihkeun runtah di buruan. Dina téks-téks Sunda kuna, kaayaan bersih haté mindeng dibandingkeun jeung kaayaan buruan nu geus disapukeun. Sanggeus nyieun arca, Bujangga Manik nuluykeun puja nyapu, tepak deku muja ka nu kawasa mersihkeun pikiran jeung haténa.

Anggeus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
kumacacang di buruan.
(Bujangga Manik 1292-1294)

Sangkan bisa ngabersihan jiwana, sang séwaka darma kudu bisa ngungkab tur ngamangpaatkeun poténsi dirina. Ngaguar poténsi diri téh bisa ku cara ningali sabudeureun alam. Manusa ngalaman prosés diajar ngaliwatan interaksi jeung alamna.
Bwah (hasil) téh salasahiji poténsi nu aya dina diri manusa. Lir ibarat dunya, nu teu ingkah sanajan dikakaya ku manusa tetep ngamalkeun pancénna. Hasil gé teu bina ti kitu, moal obah najan diganggu ku rupa-rupa perkara, gumantung kana tékad jeung ngalaksanakeun tékadna téa.

Paksa (maksud) manusa kudu kawas cai, mangpaatna bisa kaala saupama bijil ti huluna, tina sirah cai nu can kalimpudan ku kokotor. Tujuan manusa kudu bersih wening kawas cai ti mimiti migawé hiji hal nepi ka réngséna lir ibarat kamalirna cai nu tetep hérang ti sirahna nepi ka ngamuara di sagara.

Huning (pangaweruh) téh kudu saperti angin, nu bijilna ti béh kulon. Angin nu datangna ti béh kulon sok disebut ogé angin musim barat, nyaéta angin nu mawa berkah hujan ti bulan Désémber nepi ka Februari. Manusa nu huning hartina geus mampuh méré pangaweruh nu mangpaat pikeun jalma-jalma sabudeureunana.

Temen (enya-enya) téh dipapandékeun kana seuneu jeung ganggaman (pakarang). Seuneu mangrupa élemen nu kuat pikeun nyieun pakarang. Pakarang nu dipeupeuh jadi simbol kadariaan pandayna.

Daék (kahayang) nu henteu kapalang téh dipapandékeun jeung panon poé nu salawasna medal ti béh wétan. Sanajan kapindingan halimun atawa méga nu ceudeum tetep pengkuh nyumponan kawajibanana ku sabab kasadaranana kana pancén.

 

 

Cag.

Published in: on 15 Januari 2012 at 3:18 am  Tinggalkan sebuah Komentar