Purbha Wisesa

TUTUNGKUSAN KARUHUN

Galeuh nu mangpirang taun, untung teu laas ku jaman, manusa anu sajati, tilarna anu linuhung.
Hung,,,, Ahung,,,,

foto-gunung-galunggung-tasikmalaya

“Lain iwung lain Bitung, Haur beuti teu saawi, kai mah da lain Jati, jinis hiji teu sawiji, cara sair lain Lambit, hamo sa-Aing sa-Kuring.

Saban wayah teu sausum, beurang teu sareujeung peuting, sawendu cadu sawanda, sejen poe beda mangsa.

Geura ngaca bari ngeunteung, neuteup deuleu melong tenjo, ngupingkeun ceuli jeung dangu, ngambeuan irung jeung angseu, nyebutkeun sungut jeung dawuh, ngalandi Kawula-Gusti.

Nilik diri sapribadi, ngawincik usik jeung malik, nataan lengkah ku lampah, lir milang renghap ku napas, ngitung umur nya ku hirup, nyungsi pinasti ku pati.

Titip insun Jati Sunda, dharma marganing utama, manjing jatining lastari, riksa nagara tangkal Palias, asal Waru tunggul ing rahayu, yuga karesian dina adegan tangtungan, masing ngajirim ngajisim, simpay raga-rasa acining manusa, sampurna ning budi paran ning dumadi.”

:: Purbha Wisesa

*ieu GURIT lain keur caturkeunen kanu lian, tapi pikeun SORANGANEUN dina lumampah lumaku.

tabe pun,

Iklan
Published in: on 5 November 2013 at 2:37 am  Comments (1)  

adab jeung adat dimana ngaLAKU

#META-na karuhun dimana rek pepelaka (gawe/ngaLAKU/kasab), ngajarkeun dina adat jeung adab, dina rasa jeung karumasaan:

laku meta

– Peureumkeun mata, bari nyinghareup ka belah wetan.
– Tarik napas anu jero sing lantip make irung, dugika teu tiasa nganapas deui,,, tahan sakedap.
– kretegkeun dina manah:

Sampurasun,
Huuuung,,,,, nu maha agung
ibu lemah caiku ibu bumi, ibu pertiwi
kudrat pasti nu ngabijil jadikeun
nu ngagelarkeun,
nu ngajembarkeun,
anu jadi ucap wiwitan,
nu nyusun hurup anu hurip dina hirup-na sakabeh mahluk.

– kaluarkeun napas lalaunan tina irung bari ngreteg: Ahuuuung !

#bral ngalengkah,,,,

_/\_

mugia tungtung padang ruhui rahayu sadaya.
(“semoga semuanya diberikan kehidupan yang langgeng, sejahtera dan harmonis”)

Published in: on 19 Oktober 2013 at 2:15 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

adat jeung adab dimana rek meureumkeun panon

sare

Adat sareng adabna dina meureumkeun soca, bade bari calik, sila atanapi ngagoler,,, sami wae.
– Peureumkeun soca
– Tariknapas anu jero sing lantip, dugika teu tiasa nganapas deui,,,
kaluarkeun lalaunan dugika seep, ulangi 3 kali tarikan.
– bari peureum tetep eling sareng perhatoskeun napas anu kaluar kajero.

lajeng diaos dina manah ieu dunga:

Sampurasun,
Hung nu maha agung
Kuring jati-na manusa
sanga badan tan kawala
ati eling lintang gading
dangdayang sarining kembang, keur bawaeun.
Hung jati-na kuring
inten-inten ing manusa
nulungguh di pulo napas
medar tanpa wawayangan
hirup teu keuna kupati,
langgeng teu keuna ku obah
hirup langgeng salawasna

Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !

* HUNG di kretegkeun dimana narik napas,,, AHUNG dikretegkeun dimana ngaluarkeun napas.
teras di aos, sakadugana teu kedah nganggo etangan.

_/\_

Published in: on 6 Oktober 2013 at 5:42 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

adat jeung adab dimana rek dahar

dahar

Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
nampi narima, ditampi ditarima
ibu sanghyang sri nu ngajadi sari
rasa nu ngajadi rupa
hirup jeung huripna kawula.

huuung,,, ahuuung !

Published in: on 6 Oktober 2013 at 5:31 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

adat jeung adab dimana hudang sare / rek ngobahkeun awak

bangun

*dimana mimiti buncelik mata, cicing sakedapan (rek bari ngagoler atawa sila), mata ditutupkeun deui, bari narik jeung ngaluarkeun napas lalaunan (rasakeun sing lantip), rasakeun sakabeh pangacian tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal.

Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
bayu asmaning angin, angin asmaning hawa
neda widi neda ngarasa
hirup jeung huripna nu jadi pangawasa
nu mere hawa panas dina rupa hirup jeung huripna kawula.

huuung,,, ahuuung !

Published in: on 2 Oktober 2013 at 2:03 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

adat jeung adab dimana mandi atawa beberesih

mandi

*saacan cai maseuhan awak,,,

Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
banyu asmaning cai, neda widi neda gawe make
banyu nu ngagelarkeun,
nu ngajembarkeun,
nu nyusun kalimat ucap wiwitan
anu kagungan sari rasa nu ngajadi rupa
rupa cahaya hirup jeung huripna manusa.

huuung,,, ahuuung !

Published in: on 28 September 2013 at 1:23 am  Tinggalkan sebuah Komentar