Layar Bodas

cover-oleg-1Panon poé belah wétan can némbongkeun beungeutna, ibun masih mulas tonggong gunung, rénghap napas nu kaluar tina irung nyerebung jiga haseup roko, terus leungit kaanginkeun. Keclak cai ibun sing kariceup dina jukut  jeung tungtung daun, rag-rag katebak angin. Sagala rasa datang  ngabagjakeun waktu kuring muka jandéla. Ieu poé anyar.

Kuring inget mangsa isuk-isuk anu sarua,

Harita di imah nini, kuring diuk ditéras nyinghareupan kulub jagong dina piring, haseupna anu ipis pagaliwota jeung haseup cikopi nu sarua ngebul dina gelas batok, sing surungkuy kana liang irung matak kumétap nu ngambeu jeung bakalna mawa handeut kana beuteung saha waé ogé nu ngadaharna.

Bisa jadi ieu téh kaayaan isuk nu biasa di Cikahuripan, sisi lamping gunung Sadakeling. Tapi pikeun kuring hirup anu anyar karék dimimitian ti dieu.

Kongkorongokna hayam jago geus liwat, panon poé mimiti kaluar tina panyumputanna. Katingali anu lalar-liwat rék miang ka sawah atawa ka kebon marawa pacul, marawa pakakas sapuratina. Aleutan barudak sakola gé gariat, sagut, cing cirihil suka bungah leumpang ngaleut ngabandaleut mapay-mapay galengan.

Satungtung deuleu hareupeun imah, sawah ngeplak héjo kénéh lir karpét ngampar, matak asri katingalina mawa tingtrim pikir nu tara reureuh ngamalir. Keur kuring anu sapopoé hirup di kota, ngarasakeun kaayaan sababaraha poé cicing di lembur, saeutik bisa ngécagkeun beban awak jeung pikiran anu teu reureuh dipaké. Hiliwirna angin anu teu pacampur jeung racun pamiceunan mesin motor atawa mobil, matak betah matak jagjag kana awak, seger kana uteuk.

“ngemutan naon kang, énjing keneh tos hulang huleng?”, sora si Uhro ngahudangkeun élingan kuring nu keur ngarasakeun éndahna alam padésaan.

“ah, henteu,,, na rék kamana isuk kénéh meni tanginas?”

“biasa wéh kang, tos néang cai ari di lembur mah,,,”

“kadieu atuh, ieu aya cai mah,,, tah cai kopi jeung kulub jagong handeut kénéh gera! “

Kalacat si Uhro naék kana undak-undakan imah, gék diuk sila gigireun. Kuring ngajéwang gelas batok, nyician cikopi keur manéhna.

“badé lami kang di lembur?”, si Uhro ngamimitian deui nanya.

“teuing atuh euy, ari taeun betah kénéh ieu téh! ngan dipangumbaraan aya pagawéan anu kudu diréngsékeun.”

“Oh kitu, cuti wéh heula atuh kang?”, ceuk si Uhro méré saran tidituna mah.

“apan ieu gé keur cuti“

“aéh, enya kétang. Kumaha betah di lembur?, di kota mah teu aya sawah, teu aya gunung nya?,,, raos dimana, di kota atanapi di kampung?”

“ah biasa wéh, memang euy hiji kaayaan tempat téh aya hubunganna jeung rasa betah atawa nyaman, kabungah jeung kasenangan hirup,,,, tapi da tempatna lain di kota lain ogé di kampung, lain di gunung, lain di mol, sumawona di imah mah, lain!!!”

“naha?, nya dimana atuh?”

“tah didinya, dina Pikiran euy! da pikiran ruwet mah kabeh ge kabawa kusut jeung kareunang.”

“aeh, enya kétang,,, hehee”, ceuk si Uhro bari ngaregot cikopina, terus nyambung carita,

“dupi akang tos ngadangu teu acan upami mang Somad nuju kagégéloan ku carios Siliwangi?”,

“Ah, manéh mah angger ari geus ngagosip téh, isuk kénéh ieu téh euy!”

“ih, nyaan ieu mah sanés gosip kang, malah bi Kénoh mah dugika aral mayunan ketakna mang Somad téh,,, hihihiii”

“heueuh, keun baé wéh atuh da éta mah urusan kulawarga manéhna, urang mah ulah sok hayang ngilu nyaho kana urusan batur, napsi-napsi wéh atuh.”

“muhun upami nyalira mah teu nanaon kang, da ieu mah mang Somad kikituan téh seueur réncangna, malihan ceunah mun teu pendak sareng Siliwangi anjeuna mah bade maluruh ayana Nabi Khidir anu misterius. Anjeuna mah badé sujud, badé nyuhunkeun diajarkeun elmu kahirupan ka Nabi Khidir anu teu umum sareng nusanes cara ngajarkeunna.”

“hmm,,, kitu kutan téh? “

“abdi mah moal pipilueun komo ulubiung sareng kumpulan mang Somad mah, margi abdi gaduh kayakinan nyalira anu bénten sareng kelompokna mang Somad anu teu panceg. Abdi badé panceg kayakinan téh hoyong pendak mung sareng Siliwangi hungkul, malihan hoyong guguru ka anjeuna ogé, kang.”, ceuk si Uhro bari ngagorogotan jagong dina leungeuna.

“atuh sarua wé maneh téh jeung mang Somad ari kitu mah, ngan béda jelemana hungkul!, ari manéh geus panggih acan jeung Siliwangi anu ditétéangan teh?”

“numawi teu acan, dalah saurna Siliwangi mah tiasa nunjukeun dimana ayana Nabi Khidir, kang!”

“ah sia mah Ro nyarita téh sok kamana mendi,,,, hahahaa, ceuk saha éta téh?!!”

“saur anu sanés kang,,, hehee. Dupi akang tos uninga dimana ayana?, wartosan abdi kang, hoyong terang.”

“nyaho kasaha?”

“muhun ka Siliwangi!”, si Uhro diukna beuki manco ngadagoan jawaban,

“iyeuh, Siliwangi mah bakal datangna téh ngan dina waktu anu perlu euy, nulungan anu butuh, mantuan anu sarusah tapi ngan anu hadé laku-lampahna, mun datang moal kadeuleu, mun nyarita moal kadengé, tapi bakal ari datang mah!,,,, éta gé ngan kanu rancagé haténa, kanu weruh disemu anu saéstu, anu ngarti kana wawangi anu sajati jeung anu surti lantip pikirna, datangna ngan méré ciri ku wawangi deuleu,,, pon kitu jeung Nabi Khidir, bakal kaluarna gé dina waktu jeung rupa anu teu bisa diramalkeun, manéhna datang jeung indit téh sakarepna!”

“duh, meni sesah ning hoyong mendakan jalmi-jalmi linuhung sareng pinilih téh?”, ceuk si Uhro bari gagaro sirah teu ateul.

“ah teu hésé! ”

“naha teu sesah, kang?, tadi anu disaurkeun ku akang sakitu sesah ditebakna, jaba tiasa ngajangélék  janten rupa saha waé deuih. Kumaha atuh carana supados abdi tiasa ngabéntenkeun yén éta téh Khidir atanapi Siliwangi? naon ciri-cirina kang?”,,,, ceuk si Uhro pinuh kukapanasaran.

“gampang euy, kieu yeuh reungeukeun jeung regepkeun!, pokona satiap aya jelema anu dipanggihan atawa anu manggihan manéh, pék kainyah rengkuh, kudu ajrih hormat kamanéhna,,,, saha nu nyaho salah sahiji diantara maranéhna, anu aya dihareupeun téh nya-éta  anu keur ku ilaing ditétéangan salila ieu.”

“beuh, enya nya,,, hmm”

“lain ham-ham heum-heum,,, pék uyup tah cikopi téh bisi kaburu tiis!”

“hehee,,, siyaap, ditampi kang.”

“tah mun kitu mah, hirup téh kudu bersih pikir. Gening ceuk kolot mah kudu tiis ceuli herang mata sabab tidinya panto asupna sagala paniley. Boh ka budak sumawona ka kolot kudu ajrih!”

“muhun kang, aya oge kasauran ceunah kanu sepuh kedah tiasa ngahargaan, ka murangkalih gé atuh kedah ngajénan.”

“heueuh kitu!”

“numawi sesah kang, sok aya kénéh nyempad kanu sanés abdi mah.”

“lain hésé, acan biasa meureun?”

“kadang abdi gé sok meunteun akang, tapi punten nya,,, akang mah garihal dina nyarios téh,,, hehee”

“Keun baé, da memang sakieu buktina akang mah,,, uyuhan atuh hirup di pangumbaraan puluhan taun  rajeun aya babaturan sadaérah gé sarua benclungna, nyarita gé tara maké undak usuk basa,,, tapi geus atoh sakieu gé, sabab teu poho kana basa indung.”

“muhun kang, da anu penting mah eusi cariosana nya, sanés ku basana,,,”

“ari ngarti mah sukur,,,  anu ngarasa géték jeung ateul kana ceuli téh kusabab jelema geus nempatkeun dirina kana ego-na. Biasa di hargaan, biasa di hormat, biasa diagung-agung ku jalma réa, nyaman dina kaayaanna. Komo lamun aya anu nyarita heug maké bahasa deungeun, geus pasti mumul ngadéngékeunna téh da lain bahasa manéhna, ceunah!.”

“muhun kitu kang, ari abdi mah sanés pédah hoyong di hormat atanapi hoyong dihargaan, ngan asa teu biasa wéh ngadangu anu garihal cariosanna téh komo bahasa deungeun-deungeun mah teu ngartos, janten sok kapiheulaan ku ngéwa sareng teu resep weh. Padahal mah upami diregepkeun cariosanna mah janten kanyaho janten elmu nya kang?”

“pelajaran hirup mah timana wéh, da teu datang ti hiji guru atawa pandita,,, sakabéh anu aya, sakabéh anu nyampak di ieu alam kabéh gé élmu, kabéh gé bisa jadi guru anu méré pelajaran dina kahirupan urang lamun dipaké akal pikirna, éta gé lamun urang sadar jeung menyadarina. Sadar hungkul gé teu cukup lamun teu reujeung kasadaranna.”

“duuh pikiran, kotor kénéh geningan manéh téh karék ku béda basa gé geus mumul narima!!!”,,, ceuk si Uhro nyarita ka dirina sorangan.

pikiran téh lir layar bodas anu salilana ngabentang luas sagala pangarti, bisa ngabénténg jadi hijab sagala kanyaho jeung pangarti, jeung bisa oge ngabéntang jadi navigasi pikeun mere pituduh dina kahirupan.”

“maksadna kumaha kang?”

“Aya sababaraha film di bioskop anu pastina pernah ku urang sararéa ditingali, komo sinétron dina tv mah unggal saban carita diulang ku versi anu béda. Saban waktu barobah ganti pangalaman, ti mimiti carita sedih, senang, perang nepika boborot geutih. Aya ogé carita pikasieuneun anu bisa nutupan mata, nepika carita anu matak jadi buncelik mata. Ti mimiti film pocong, drakula, kolor hejo, aya oge jelema anu bisa itu bisa ieu anu ngaluarkeun ka ahéngan tina élmu/kanyahona. Tapi éta layar teu kapangaruhan saeutik ogé,,, biasa-biasa wéh, sugan nepika sesegrukan lamun pas muter carita sedih, pan henteu nya?”

“hehee, muhun”

“jeung teu ngaluarkeun geutih lamun keur nayangkeun film perang sanajan bedog jeung bedil cing balentarang jeung dar- dér-dor nya?. Teu  ngilu  ngabarakatak lamun maénkeun film bodor, jeung teu ngilu gering lamun dina waktuna maénkeun film anu eusina pinuh kanyeri jeung panyakit. Layar tetep jadi layar bodas anu bersih, najan maenkeun lalakon carita naon bae oge.

“muhun, leres kang.”

“rajeun urang sok ningali kahirupan siga film teh rupa-rupa peran. Aya anu gumbira padahal jerona sedih, aya anu ngobral agama jeung kayakinan tapi can nepi kana intina tina agama atawa ajaran anu kudu jadi kayakinan, aya anu seuseurian tapi jerona pinuh ku kasedih, aya anu katingali beunghar tapi eusina miskin, aya anu katingali biasa-biasa tapi jerona beunghar, aya anu pinuh ku panyakit, emosional, depresi, stress, kabéh lengkep aya,,, ébréh katingali.”

“leres,,, “

“Tah, urang ngan cukup ningali éta cuplikan-cuplikan kahirupan,,, terus leungit. Layar bodas anu teu pernah kapangaruhan ku carita kahirupan nanaon. Tetep layar bodas, tawar, damai, kosong, suwung euweuh nanaon. Didinya pikiran bakal ngabentang pinuh kucoretan warna-warni pikeun pelajaran dina kahirupanna. Sabab ngan ukur anu kosong bisa narima eusi, jeung anu bener-bener kosong bisa narima eusi bari teu mudal.

“Oh,,, muhun“

“lamun geus jadi layar bodas dina ieu kahirupan, jeung bisa ningali naon baé anu katingali ngan saukur background layar bodasna hungkul, éta therapy anu paling sampurna. Intisari obat tina sagala obat.”

 

“tapi pan urang mah sanés tv atawa layar tanceb kang, da puguh gaduh rasa?!”

“bener euy, ngan biasana manusa sok terus ngumbar parasaanna. Lila teuing nyicingkeun éta rasa dina uteukna, teu nyadar lamun hirup terus lumangsung ti detik ka detik jiga rénghapna napas anu teu reureuh satungtung hirup.”

“maksadna kumaha, kang?”

“kajadian anu geus kaliwat anu sakuduna ngamalir dina mangsana, ieu nyangked dina uteukna nepika ayeuna. Malahan aya anu nepika bulan-bulan, aya ogé anu nepikeun ka taunan. Akhirna anu ripuh manéhna sorangan,,, disimpen dina sirah jadi jangar, ditunda dina dada matak eungap, diturunkeun kanu beuteung ngadon ngusial jadi mah (maag)”,,,,

“oh kitu kang?, dikinten panyakit maag teh alatan telat tuang weh?,,, “

“jelema telat dahar/sasarap, akibatna tah asam lambung anu aya  dina beuteungna (usus) teu “digawe” sasuai  fungsina da euweuh kadaharan anu kudu diancurkeun, jadi ngagorogotan dinding lambung, matak karasana jadi peurih. Kitu oge dimana pikiran manéh teu reureuh mikiran pasualan bari loba kahariwang, awak manéh bakal ngarespon jeung bakal naékkeun asam lambung dina beuteung,,, akibatna sarua jeung anu tadi.”

“kitu éta téh? beu, gning panyawat téh disiar kunyalira nya.”

“salain ti éta, kusabab nendeun masalahna lila teuing, dimana ngolébat inget téh jajantungna ratug, anu ahirna aliran darah dina pembuluh darah ka otak beuki dikompa ku jajantung,  jadi wéh darah titinggi,,, hahaha, leuheung lamun teu loba kokotor (toxin) anu asup kana awakna tina kadaharan anu asup ngaliwatan tikorona, pan balukarna jadi matak macét aliran pembuluh darah lamun loba toxin (racun) mah!, Jiga selang anu aya caian, ditengahna aya kokotor anu menetan, terus ku manéh dikompa, lain jadi maju éta caina tapi  ngadon bitu tah selang  téh da macét ku kokotor,,, struk (stroke) mun di manusa mah, pecah pembuluh darah di otak euy, Ro!!!”,,,,

“geningan?,,,,”

“matak aya basa kolot, ulah sok nyiar pipanyakiteun!, sabab panyakit téh teu jauh ti urang, jeung deuih obat na gé aya dina diri urang kénéh.

“kahartos kang.”

“lamun urang salilana aya dina kasadaran hirup, anu jadi koncina ngan kudu  éling kana ringkangna gerak pikir anu baris ngagerakkeun kana ieu tangtungan, waspada kana satiap asupan anu asup kana awak ogé anu ngaliwatan panca indera, rek asupan lahir jiga kahakanan, atawa asupan pikiran (psikis), tah bakal salamet tangtungan euy.”

salamet teh Islam téa kitu, kang?”

“nyao ah,,, kumaha maneh we!”

 

 

#bs

#bray caang, bray naronggéngan

Iklan
Published in: on 22 Februari 2017 at 8:01 am  Comments (2)  
Tags: , ,

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2017/02/22/layar-bodas-2/trackback/

RSS feed for comments on this post.

2 KomentarTinggalkan komentar

  1. Hatur nuhun kintunanana, asa tos lami pisan nembe kenging deui.

    Wassalam

    2017-02-22 15:01 GMT+07:00 obat awet ngora :

    > boedaksatepak posted: “Panon poé belah wétan can némbongkeun beungeutna, > ibun masih mulas tonggong gunung, rénghap napas nu kaluar tina irung > nyerebung jiga haseup roko, terus leungit kaanginkeun. Keclak cai ibun sing > kariceup dina jukut jeung tungtung daun, rag-rag katebak an” >


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: