– MANGGALA –

Bagian ka tilu dina Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) téh nyaéta pedaran ngeunaan dasawredi. Pedaranna bisa dibagi jadi dua bagian. Nu kahiji nyaéta manggala (bubuka) ti pangarang kana hasil karyana, dibarung sasambat ka para déwa nu disembahna sangkan meunang anugerah. Bagian nu kadua ngabahas Dasawredi, nyaéta sapuluh wangun tulisan dina rupa-rupa media. Dina pedaran ayeuna mah nu rék dibahas téh ngan bagian kahijina.

Déwa-déwa anu disebut dina bagian manggala di antarana: Batara Gana (Ganésa), Batari Durgi, jeung Déwi Swaraswati. Batara Gana téh putrana Siwa. Disebut Gana téh tina Ganapati (gana= gajah; pati = pamingpin), ku sabab wujud sirahna mangrupa gajah. Dumasar Ādiparwa (I.74-78) nya Batara Gana nu mangnuliskeun kitab Mahābhārata téh, bagawan Wyasa nu ngadiktékeunana. Batara Gana disambat dina manggala ieu téks ku sabab dianggap bisa nyingkahan halangan harungan sajeroning pangarang nyieun karyana. Durgi atawa Durga téh déwi satungkebing alam. Batari Durga dipuja ku nu nulis pikeun ménta panangtayungan. Dina kitab Mahābhārata Déwi Durga ogé sababaraha kali némbongan, di antarana nalika Durga méré anugerah ka para Pandawa nalika nyamur di kota Wirata (Wirataparwa VI), jeung nalika Arjuna jeung Kresna muja ka Déwi Durga méméh perang Bhāratayudha (Bhismaparwa XXIII).

Demi Swaraswati (Saraswati) téh déwi pangaweruh jeung kawijaksanaan dina kapercayaan Hindu. Dina kitab-kitab Purana, déwi Saraswati téh saktina (pamajikanna) déwa Brahma. Rupana déwi Saraswati geulis, kulitna beresih, sipatna daréhdéh deuih. Raksukan nu dianggona sarwa bodas ngaplak bari lungguh dina kembang padma (taraté) . Pananganna aya opat, masing-masing nyepengan: wina (kacapi), aksamala (tasbéh), damaru (kendang leutik) jeung pustaka (buku/koropak lontar).

Dina bagian manggala ieu aya catetan penting patali jeung kalungguhan nu nulis jeung nu maca. Tina kalimah “tinulis dé sang pandita, pinaca dé sang apunggung” (ditulis ku pandita dibaca ku nu teu ngarti/bodo) katitén yén ieu karya téh ditulis ku sang pandita pikeun sang apunggung sangkan nambahan pangaweruhna. Diwuwuhan ku ungkara winaleran dé sang kawi (diuger ku sang kawi/bujangga). Kecap winaleran ngandung harti pasif ‘diwatesan, diuger’, naha nu dimaksud téh sang kawi boga pancén nganggit hiji karya kana wangun ‘puisi kauger’?

EUSI


Niha/6r/ n kayatna-yatna sang séwaka darma, pawuitan sanghya(ng) sastra, mala murtinya nguni, katekan mangké.
Ndah ta pawuitan sanghya(ng) sastra. Nihan lwirnya: sasurup sanghya(ng) sriwar Aditya, gumenti sanghya(ng) ratri (Nskh: ratsi). Trepti treptwa pagawé wéwa laksana. Tatwa kala Batari Durgi.
A(ng)regu ta jantra Sri Batara Gana, sina(m)buratkeun ri(ng) manusa madyapada, matemahan ta ya gebang lawan lwa(n)tar, tipuk diwasa pupus gebang lawan lwa(n)tar. Tinut pinada pada, lwané lawan dawané, tinitisan asta gangga wira tanu.

Apa ta sinangguh (asta) gangga wira tanu? Asta ngaraning tangan, gangga ngaraning bañu, wira ta ngaraning panurat lawan panuli, tanu ngaraning mangsi. Tinulis dé sa(ng) pandita, pinaca dé sang apunggung /6v/ tambah uni uningana, winaleran dé sang kawi.
Nguniwéh cinaritakeun ta dasapurwa.
ONG Swaraswati Tarajñana Cintamanik! Katuna ma ta na bayu, pamutyan Batara Guru, batara sang sida panta titira lemah, sang sida pandata tita(h) ring langit, Kusika Garga Méstri Purusya Pata(ñ)jala, mwang bayu sabda hdap, nguniwéh ikang sang manwan, apan sang hya(ng) itung ika.
TARJAMAHAN
Ieu nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, asal usul tulisan suci, wangun cedana ti baheula, nepi ka kiwari.
Nya ieu asal usul tulisan suci téh. Ieu sasaruaanana: sasurupna panon poé, digantikeun ku peuting. Ngarasa sugema tur bagja sabab sagala pancén bisa kalaksanakeun. Hakékat waktu (anugerah ti ) Batari Durgi.
Hasil tina benduna Sri Batara Gana, nu nyalabarkeun manusa di madyapada. Ngajadikeun gebang jeung lontar, ngajadikeun témbong waktuna pupus, gebang katut lontar. Dituturkeun tur diturutan, rubakna katut panjangna, dititisan asta gangga wira tanu.
Naon saenyana asta gangga wira tanu téh? Asta hartina leungeun, gangga hartina cai, wira hartina kalam jeung koas, tanu hartina mangsi. Ditulis ku sang pandita, dibaca ku nu bodo (sangkan) nambahan pangaweruhna, diuger ku sang kawi (bujangga).


Saperkara dicaritakeun dasapurwa (sapuluh awal).
ONG Swaraswati Tarajñana sang mutiara pikiran! Kakurangan ayana dina tanaga. Tempat mutiara (ayana di) Batara Guru, batara ti golongan nu sampurna utusan lemah, sang pandita nu sampurna utusan langit: Kusika, Garga, Méstri, Purusya, Patanjala; ogé bayu (napas), sabda (ucap), jeung hedap (pikiran); kitu deui Sang Manon (Nu Maha Ningali), sabab Anjeunna nu nyieun balitungan.

Cag.

Published in: on 21 Januari 2012 at 11:51 pm  Comments (2)  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2012/01/21/manggala/trackback/

RSS feed for comments on this post.

2 KomentarTinggalkan komentar

  1. sampurasun,
    Haturnuhun…mantab yeuh Kg Ncep….Ra-Hayu _/\_


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: