SANGHYANG SASANA MAHA GURU (SSMG)

 

SANGHYANG SASANA MAHA GURU  mangrupa téks Sunda kuna nu kawilang penting pikeun urang Sunda, ku sabab di jerona euyeub ku ajaran kaagamaan masarakat Sunda dina abad ka-16. Teu kurang ti 48 konsép kaagamaan nu diagem ku urang Sunda mangsa saméméh Islam sakumaha nu kaunggel dina SSMG téh. Ti mimiti Cupumanik édisi ayeuna, bagian-bagian dina SSMG téh baris dideres ti awal nepi ka ahir, pikeun méré lolongkrang guneman diskusi nu leuwih jembar.

Bagian awal SSMG dimimitian ku pedaran ngeunaan pañcawédani. Pancawédani téh mangrupa jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng. Nu jadi jalan pikeun nyucikeun jiwana téh suméndér kana lima perkara, nyaéta bwah (hasil), paksa (maksud), huning (pangaweruh), temen (enya-enya), jeung daék (kahayang) nu teu kapalang. Saenyana lima perkara ieu geus jadi poténsi dasar manusa. Dina ieu bab, pañcawédani téh dibéjér béaskeun deui kekecapanana. Pañca hartina lima, wé hartina cai, jeung dani hartina sapu nyéré.
Cai jeung sapu nyéré dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak. Sapu nyéré ogé sok dipaké pikeun mersihkeun runtah di buruan. Dina téks-téks Sunda kuna, kaayaan bersih haté mindeng dibandingkeun jeung kaayaan buruan nu geus disapukeun. Sanggeus nyieun arca, Bujangga Manik nuluykeun puja nyapu, tepak deku muja ka nu kawasa mersihkeun pikiran jeung haténa.

Anggeus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
kumacacang di buruan.
(Bujangga Manik 1292-1294)

Sangkan bisa ngabersihan jiwana, sang séwaka darma kudu bisa ngungkab tur ngamangpaatkeun poténsi dirina. Ngaguar poténsi diri téh bisa ku cara ningali sabudeureun alam. Manusa ngalaman prosés diajar ngaliwatan interaksi jeung alamna.
Bwah (hasil) téh salasahiji poténsi nu aya dina diri manusa. Lir ibarat dunya, nu teu ingkah sanajan dikakaya ku manusa tetep ngamalkeun pancénna. Hasil gé teu bina ti kitu, moal obah najan diganggu ku rupa-rupa perkara, gumantung kana tékad jeung ngalaksanakeun tékadna téa.

Paksa (maksud) manusa kudu kawas cai, mangpaatna bisa kaala saupama bijil ti huluna, tina sirah cai nu can kalimpudan ku kokotor. Tujuan manusa kudu bersih wening kawas cai ti mimiti migawé hiji hal nepi ka réngséna lir ibarat kamalirna cai nu tetep hérang ti sirahna nepi ka ngamuara di sagara.

Huning (pangaweruh) téh kudu saperti angin, nu bijilna ti béh kulon. Angin nu datangna ti béh kulon sok disebut ogé angin musim barat, nyaéta angin nu mawa berkah hujan ti bulan Désémber nepi ka Februari. Manusa nu huning hartina geus mampuh méré pangaweruh nu mangpaat pikeun jalma-jalma sabudeureunana.

Temen (enya-enya) téh dipapandékeun kana seuneu jeung ganggaman (pakarang). Seuneu mangrupa élemen nu kuat pikeun nyieun pakarang. Pakarang nu dipeupeuh jadi simbol kadariaan pandayna.

Daék (kahayang) nu henteu kapalang téh dipapandékeun jeung panon poé nu salawasna medal ti béh wétan. Sanajan kapindingan halimun atawa méga nu ceudeum tetep pengkuh nyumponan kawajibanana ku sabab kasadaranana kana pancén.

 

 

Cag.

Published in: on 15 Januari 2012 at 3:18 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2012/01/15/sanghyang-sasana-maha-guru-ssmg/trackback/

RSS feed for comments on this post.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: