Wawangsalan

 

wawangsalan 1

Abdi mah caruluk arab, heunteu tarima teh teuing : Korma
Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing : Pengis
Abdi teh kapiring leutik, ka isinan ku gamparan : Pisin
Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing : Umaing
Ajag desa basa jawa, lesuna teu aya tanding : Asu
Ajag lembur indramayu, naha bet kalangsu teuing : Asu
Ajag lembur lamun engkang, enjing heunteu wangsul deui : Anjing
Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi : Tegal
Anak beurit dina katung, kapan enden mundut encit : Buncit
Anak munding masih nyusu, aduh eneng buah ati : Eneng
Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis : ngoyok
Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kawari : Bodo
Areuy leuweung merang daun, ulah sok japilus galih : Pulus
Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang weungi : Lompong
Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati : Walimah
Awi ngora teh jaradi, temah matak jadi liwung : Iwung
Aya nu di anjing cai, aya nu di heroyan : Sero
Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi : Kapal udara
Ayeuna ge sereh tegal, engkang mah sok matak peurih : Eurih
Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri : Areng
Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit : Elos
Bale di reka masjid, nya pikir bati rumanjug : Tajug
Bangkong lodor mentas jalan, tiis tulis bagja awak : Bayawak
Bango hejo herang jangjang, piraku engkang ka abdi : Merak
Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi : Camar
Bareto ge batur pirus, juragan gening pelekik : Akik
Batuk eungap hese damang, sae sumping bae wiengi : Wengi
Beas di tutuan deui, iraha atuh patepung : Tipung
Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap : Gelap
Bedog urang darmaraja, kawantu abdimah miskin : Sekin
Belut sisit sabadarat, kapiraray siang wengi : Oray
Bendi panjang roda opat, ulah kalah kacarita : Kareta
Bentang baranang di imah, samar bisa tepung deui : Damar
Bedug wedalan eropa, abdi teu asa di puji : Tanji
Beulit cingir simpay tangan, ulah lali ka sum abdi : Ali
Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan : Amismata
Beusi bodas cingcin kecrik, cumah bae di picinta : Timah
Biasa ngadodol gula, abdi heunteu di paduli : Gulali
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan ka harti : Roti
Cacangkir bahana beuling, masing welas lahir batin : Gelas
Cakcak gede kadal bilik, ulah di pake mokaha : Toke
Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti : Lasun
Cariang beurem beutina, nya pikir bati euweuh : o
Catetan bulan jeung taun, juragan menak utami : Almenak
Cau gede ngan sasikat, taya teuing bagja diri : Cau bagja
Cek lemek jawa sumuhun, hayang teh ulah ka panggih : Enggih
Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi : Panglay
Cisusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing : Mantega
Cucuk basa malayuna, duriat heunteu laksana : Duri
Dadampar di pagulingan, alim ka nu kirang surti : Kasur
Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim : Lem
Daun kasap kosok meja, tobat ulah nolas teuing : Hampelas
Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras kanu teu aya : Kararas
Desember tangtu di tema, geulisna lir bidadari : Januari
Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan : Tewok
Di cikajang aya gunung, asa paturay jasmani : Cikuray
Dodol gula di golongan, nu hina ka luli-luli : Gulali
Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung : Payung
Ekek lembut pupuntiran, ting seredet kana ati : Cecendet
Enggeus ka palupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik : Bilik
Engkang teh ngajukut laut, seger mun tepung jeng nyai : Ager
Gagang caruluk karadak, pantes mun rek di nyenyeri : Langari
Gamparan mah sangu atah, keur menak kawuwuh sugih : Gigih
Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding : Gumading
Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan : Munara
Gedong ngambang di sagara, kapalang geus bela pati : Kapal
Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus bingkit : Rumah sakit
Geulang leutik munggang tangan, siang wengi heunteu lali : Ali
Geus tangtu ngajukut laut, seueur teuing pipikiran : Ager
Goreng endog rencang sangu, wayahna geus kadar diri : Dadar
Gunting pamelahan jebug, kacipta salalamina : Kacip
Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeuri ati : Meri
Hayam sawah di piara, abong kanu apes diri : Meri
Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri : Puyuh
Hiris ngora deungeun sangu, abdi mah kapok teh teuing : Kapokan
Hui bulu rea akar, bongan sok rayungan teuing : Kamayung
Imah leutik tempat ngaji, teu asa ngalanggar cegah : Langgar
Imah ngambang di sagara, ulah kapalang nya bela : Kapal
Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah di gugu : Kutu
Insuting ngadaun tuhur, ari ras ka diri abdi : Kararas
Isuk basa malayuna, tangtos abdi rek sayagi : Pagi
Jagong tuhur menang ngunun, dunungan bage sumping : Emping
Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah istri : Kitri
Jampna bugang dadakan, panasaran diri kuring : Pasaran
Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami : Semi
Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana : Cara
Jukut jangkung pipir gunung, hate abdi panas peurih : Eurih
Kacang panjang di sayuran, bati ngageremet ati : Gamet
Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring : Jaat
Kacang jangkung leutik daun, engkang mah satria raris : Hiris
Kadal gede saba darat, pareng alus bagja awak : Bayawak
Kadeuleu langgir caina, kayap-keuyeup anu geulis : Keuyeup
Kalapa babakal minyak, nu ampuh tiis raspati : Cipati
Kalong leutik saba gedang, sumedot rasaning ati : Cocodot

 

 

wawangsalan 2

Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabrangbrangkeun : Barangbang
Kasintu di sisis situ, nu hayang ka wanti wanti : Hayam
Kauntun tipung ka tambang beas, laksana menang ijasah : Laksa
Kebon pare di caian, siwah niat jalir jangji : Sawah
Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih : Salasih
Kembang bodas buah bunder, ngaheuruk nya pipikiran : Jeruk
Kembang jambe kara beukah, kumayangyang pikir abdi : Mayang
Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati : Bedug
Kertas kabur ka anginan, kumalayang pipikiran : Langlayangan
Ketuk leutik panayagan, ka abdimah ningnang teuing : Bonang
Keuyeup gede saba laut, teu hade liar ti peuting : Kapiting
Koja awi di huaan, sageuy lamun teu ka sorang : Korang
Kokotor saluar awak, da sanes rek hiri dengki : Daki
Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri : Kuku
Kuring teh kamenyan koneng, raumaos kawiwirangan : warirang
Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima : Tuma
Lahang bari di botolan, ninggal anu suka galih : Cuka
Laleur hideung panyeureudan, kilang bara uarang jadi : Bangbara
Lampu leutik teungah imah, abdi samar mere idin : Damar
Laleur leutik hama raga, ngilari sakolong langit : Rengit
Lancah cai di walungan, engkang teu emut ka abdi : Engkang-engkang
Langie cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keuyeup : Keuyeup
Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir : Borod
Lauk rebing saba laut, kari-kari jalir jangji : Pari
Manuk apung saba eurih, hate asa di dudutan : Dudut
Manuk hawuk beureum suku, katinggal keur imut leutik : Galatik
Manuk lindeuk di buruan, kuring bati panas ati : Japati
Manuk lisung anu jalu, dagoan di pasampangan : Jago
Manuk rengge saba ulam, hayang tepi ka ngajadi : Caladi
Manuk tukung saba reuma, uyuhan daek ka abdi : Puyuh
Maung tutul saba kasur, diri teu ngeunah cicing : Ucing
Melak bangsal di kotakan, wayahna rek sabar diri : Nebar
Mencek leutik saba alas, abdi daek ngarencangan : Peucang
Meri pendek ngojay hayam, heunteu negtog pikir abdi : Entog
Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna : Lutung
Mun inget mangsi malayu, anjeun teh cinta ka kuring : Tinta
Mun jagan didadar tipung, upami kagungan rabi : Surabi
Nu dahar taya sesana, ngan asa di poyok badis : Ledis
Nu gering geus rampus dahar, kuring mah mo payu deui : Mamayu
Nunutu miceun huutna, mun awon moal di tampi : Napi
Nya buah ngacung ka luhur, kuring mah sok panas ati : Ganas
Nya hujan taya eureuna, abdi mah kalangkung ajrih : Ngijih
Nyeupan sangu tacan timus, teu sanggup manggihan deui : Gigih
Nyiar pare tutukeuran, teu pantes hayang ka abdi : Nguyang
Nyiru gede wadah bangsal, anjen mah sok sindir sampir : Tampir
Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting : Papanting
Pangcalikan tonggong kuda, kudu satia bumela : Sela
Papareum ngawuran ketan, mokaha atuh da wengi : Ragi
Pari basa petis cina, hayang nepi ka cacapna : Kecap
Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri : Nulis
Peso patok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing : Rajang
Peso raut ci barusa, sugan welas kanu miskin : Sekin
Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir : Badak
Pi unjuk dumeh rek wangsul, sanes abdi rek cilimit : Pamit
Puguhmah ubar muriang, nu hina leuwih ti misti : Kina
Puter putih saba lembur, kuring seja bela pati : Japati
Rante ngait kana baju, memang geus cumantel ati : Cantel
Rasa seuneu mun ka cabak, hate abdi panas peurih : Panas
Reregan sabuder imah, kasangsara siang wengi : Kasang
Rebab jangkung di pandopo, nalangsa ka bina-bina : Tarawangsa
Rimbas panjang pameulahan, kagembang si jangkung leutik : Patik
Ruas awi di korekan, pikir asa selang-seling : Suling
Salendro di papanggungan, ngomong ka lepasan teuing : Koromong
Santri miskin geus mareman, tangtu tiis pikir abdi : Pakir
Sangrayan peupeus meueusan, ulah jadu rengat galih : Rengat
Sapikul katian cina, malah kumplit sareng cingcin : Dacin
Sendok batok di gagangan, geus lawas abdi ngalayung : Gayung
Sereh leuweung turub saung, hate abdi panas peurih : Eurih
Sanggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis : Lele
Sekin alus tuturunan, kaduhung datang pandeuri : Duhung
Sieun teu kapancar kawung, ka biruyungan ku eulis : Ruyung
Simet rungkang di walungan, ulah niat ngawiwitang : Hurang
Simpau rema beulit cingir, ulah lali ka sim abdi : Ali
Sinjang panjang lepit sisi, tobat sanes miwulangan : Kebat
Sireum mungguhing ceuk jawa, sing emut ka siri abdi : Semut
Sirop nyegak nu ngabudah, ulah sok resep ngalamun : Limun
Sok hayang ka pancar panday, ka parengkeun ka nu geulis : Areng
Sok rajen ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil : Caruluk
Sok reuwas nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih : Gigih
Sok sieun di supir kahar, sok sieun abdi di usir : Kusir
Sorog beusi pamukaan, sae enden ngajak saksi : Sosi
Srangenge bijil peting, rek sabulan rek sataun : Bulan
Suuk anu keur melentung, tadi oge abdi jangji : Toge
Sumur deet ulah nyangka, belang bayah gindi pikir : Balong
Tegal tengah sagara, laun-laun sugan hasil : Alun-alun
Teu benang di hurang sawah, teu benang di pika meumeut : Simeut
Teu benang di jambe hapa, teu benang di gomeng-gomeng : Komeng
Teu benang dikehkel poleng, teu benang di bangbalerkeun : Jeler
Teu benang di opak kembung, teu beunang di ontong-ontong : Kolontong
Teu beunang di piring leutik, teu beunang di pika isin : Pisin
Teu beunang di rangkong kolong, teu beung di pikahayang : Hayam
Teu beunang di sihung tipung, teu beunang di papagonan : Sasagon
Teu beunang di situ lembur, teu beunang di ulah-ulah : Kulah
Teu beunang di supa dulang, teu beunang di bebenjokeun : Kejo
Teu beunang di tihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun : Deudeul
Teu beunang di tiwu leuweung, teu beunang di pika sono : Kaso
Teu beunang di waru leuweung, teu beunang diboro-boro : Bisoro
Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna : Lutung
Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai : Urang
Warisan sekin pusaka, haturan nyai pribadi : Abdi

 

(disadur tina buku geger sunten)
Published in: on 11 Juli 2011 at 9:21 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2011/07/11/wawangsalan/trackback/

RSS feed for comments on this post.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: