Bubuka Catur

Sampurasun,,,

Wilujeng Sumping baraya, hatur nuhun parantos linggih ka ieu blog, nyanggakeun salam pangwanoh ti sim kuring, ari ngaran mah Tjetjep, ayeuna nuju di Waruna Dwipa (BORNEO) Balikpapan – Kalimantan bagean Wetan, ngumbara ninggalkeun lembur panineungan Banda Indung.,

Atuh kabaraya bilih aya nu bade ngiring ngaramekeun ieu blog, ku komentarna, artikel atanapi naon wae, manggga kantun kirim serat ka sim kuring di ncep.borneo@yahoo.com atanapi tiasa ngobrol ngalangkungan

YM sandi asmana:  ncep.borneo

hatur nuhun,

 

 

 

~  R a m p e s  ~

 

 

Published in: on 7 Desember 2010 at 6:01 am  Comments (36)  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2010/12/07/bubuka-catur/trackback/

RSS feed for comments on this post.

36 KomentarTinggalkan komentar

  1. Salam Pangwanoh ti abdi Kang, ngiring maosan artikelna.

  2. sami2. bagea Kang, haturan rawuh… mangga manawi bahan katampi seun

  3. Sampurasun Kulan…hapunteun sateuacana sim kuring kumawantun…bilih sim kuring mipit teu amit ngala teu bebeja pamugi neda Widina urang ngareketkeun tali babarayaan ,,,Hatur Nuhun sateuacanna

    ….Rahayu…._/\_…

    • Rampess. Sami2 Kg Mpep,,,

      mangga seun, manawi bahan katampi. Rahayu

      • sampurasun kulan,,, punteun ah bilih ngarepotkeun,,,bade nyuhunkeun dikintunkeun tutungkusan puraga jati manawi nyondong,, hatur nuhun,, rahayu,,_/\_,,,

        • rampes,

          mangga. link anu dipundut parantos dikintun ka inbox email salira, kantun ngundeur.
          parios we.

          Rahayu

  4. ngiring mijah kang….baktos pang wanoh. nepangkeun abdi uanrang banten asal priangan…..ngiring ngaos

    • sami2,,, bagea Kang. mangga sing rineh,,,

      Rahayu

  5. sampurasun,

    salam pangwanoh ti smkuring budak jawa koek nu ngamumule sunda,hehe

    • rampes,,,

      bagea kg Jamal, sami wae JAWA ge SUNDA keneh da,,, pan kalebet SUNDA KECIL tea.

      Htur nuhun tos lebet ka ieu blog.

      RAHAYU

  6. salam pangwanoh ti simkuring ti abdi cahya,dinda sareng farhan

    • rampes,

      nuhun tos linggih di blog sim kuring.
      bagea nambihan wargi

      rahayu

  7. salam pangwanoh ti simkuring. mugia urang sadaya aya dina ginanjar kawilujengan salawasna.
    mugi kersa janten pangaping sim kuring nu palay diajar ngamumule tatar sunda.
    Hatur Nuhun sateuacanna.

    • rampes,,, sami2

      bagea, mangga urang sami2 diajar sasarengan dina neangna anu kateundeun, mukakeun anu katunda

      rahayu

  8. sampurasun.Kang abdi ngaraos sedihnya eta ningali komenpideo dina rajah & kujang sunda.
    sanes mikir,ieu mah malah ambek-ambekan.aya nu bahasa mani teu nyunda pisan.
    hampura wenya.panginten can apal kana Ki sunda teh
    tetep berkarya.sarae karyana
    salam baktos

    • Rampes, bagea Kang Aom Darmaraja,,,,
      sawios Kakang, da sagala rupi ge aya hikmahna, mugia urang sadayana aya dina pangarti anu caang sareng nyaangan dina benerNa.

      HIRUP mah teu weleh aya dina sangka prasangka. numawi saur sepuh mah sadayana oge kedah lantip, ulah sologoto gurung gusuh bisi cilaka balukarna akibat ku pamolah sorangan.
      kahade bisi nyebut bodo ka batur padahal urang anu bodo, nyebut sesat ka nu liat padahar sorangan anu sasar. nunjuk curuk kanu lian teh kudu inget lamun aya ramo anu leuwih tihiji nunjuk kadiri pribadi. ulah nyiduh kalangit,,, intina papatah sepuh teh tekad ucap laku lampah kudu jeung pikir.

      mangpang mengpeung di blog nyalira ieu mah, ceunah lamun hurup RA dina kecap Ra-hayu, Pa-Ra-Hyang, Bende-Ra, Swarganta-Ra, Dwipanta-Ra, Nusanta-Ra,,,, jsb. eta teh nyokot ajaran ti deungeun,,, hmm, naha teu lepat kitu?

      eta kecap katingali/kabacana jiga naon anu dituduhkeun teh pedah weh meureun asing, atawa JIGA-JIGA naon anu salila ieu hurup RA anu ku anjeuna katimu tina ajaran/konsep “deungeun” teras ngaraos weh yen Ra anu dina konsep Budaya lokal teh disakompet daunkeun kana laku2 anu “teu hade” sakumaha berita anu didengena.
      cobi upami dibongkarna nganggo kacamata lokal, tina huruf HaNaTjaRaKa teras kana proses perkembangan ajaran/idiologi anu aya di dunya, pastina oge moal asal nyarios rupina mah,. nembe bandingkeun sareng konsep “deungeun”. Naha sami atanapi henteu ?

      Teu benten jiga kieu eta mah Kakang,,,
      di Balikpapan mah teu aya BECA, aya oge OJEG kanggo angkutan umum pikeun panumpang anu jumlahna saurang atanapi dua urang,,,, tukang beca mah tiasa mopo ku kondisi jalan anu sakitu nanjakna.

      kumargi LANGKUNG TIPAYUN maca literatur/berita ngeunaan anu ngabahas OJEG teh CEUNAH eta mah khas kandaraan di Balikpapan, dimana sakalieun mendakan literatur atanapi amengan ka Jabar teh,,, sangkaan na urang Jabar anu niru2 urang Balikpapan,,,, tah teu benten sareng kitu.

      padahal ari ceuk pituin Jabar mah, puguh asalna eta kecap anu dianggo alat transportasi teh ti daerah urang (Jabar), bisa jadi lamun di daerah sejen aya jenis transportasi anu make kecap OJEG tadi teh menang niru/ngadopsi ti urang. sabab ngan di urang eta kecap OJEG teh boga arti,,, tina silib “Ongkos ngajegang”.
      Keur urang mah teu guna ngalayanan obrolanna, margi di kawitanna oge sanes ku tataros atanapi hoyong terang, namung tos kapayunan ku dengki. moal matak manfaat pikeun anu ngawartosan sareng anu diwartosanna. margi teu nyadieakeun ” tempat kosong ” dina dirina pikeun nampung pangarti tinu sanesna. saur Kang Doel sumbang mah GElAP ah,,, hehee 🙂

      tah sakitu weh perkawis kanggo penjelasan komentar Rajah & Kujang Sunda di YouTube mah, upami teu kapikir carios ngeunaan OJEG ieu, kumaha bade kapikir kodefikasi lokal (HaNaTjaRaKa) na, margi anu gampil wae oge can manggih atanapi katimu CAANG (SU-NA-DA/SUNDA) na.

      tabe pun kasadayana wargi2 simkuring,
      Mudahan tungtung padang ruhui rahayu

      _/\_

  9. SAMPURASUN…….
    Hatur Nuhun Kang …katampa ku sugema…katampi ku jadina..bagja pisan abdi saparantos maca ieu seratan..sae pisan..sanajan usum pabaliut…sanajan musim keur parahili…Sunda tetep nanjeur di bumi Siliwangi…Ciri jeung cara tos dilarapkeun..mugia urang Sunda sing NYUNDA…ulah kabawa ku sakaba-kaba..tetep AJEG dina Tangtungan SUNDA..

    RAHAYU

    • Rampes,,,,
      sami2 Ceu Ayu,,, Htur nuhun tos linggih di Obat Awet Ngora 🙂

      Rahayu _/\_

  10. sampurasun…. ngiring rineh yeuh…

  11. Sami” kang ,ngiringan ngariung nyaa ?

  12. My partner and I stumbled over here different website and
    thought I might as well check things out. I like what I see so now
    i’m following you. Look forward to looking into your web page again.

    • thank you for following my blog. Hope that I can share useful topic

  13. sampurasun ….
    punteun ah ngiring rawuh kang ngumpul ngariung bongkok ngaronyok sareng dulur sadayana

    rahayu

    • rampes,,,

      mangga linggih seun,
      Rahayu

  14. sampurasun….bade ngiring macaan ah di dieu…:)

  15. sampurasun..nepangkeun sim abdi dody pituin asli bandung, kataji pisan ku blog akang, hatur nuhun tos diangkeun di fb

  16. Assalam..
    Nepangkn simkuring anu linggih di tatar sunda, tapi aya di wawangon Bekasi jawa barat..
    salam pangwanoh.. hapuntn bilih tutur bahasa sim Abdi kurang tugenah.. kumargi msi tataros ka pun Rama..

    • Rampes,
      Htur nuhun, bagea nambihan wargi,,,

  17. Sampurasun,pangersa…..pangapunteun simkuring ngiring jabung tumalapung di buruan salira sallam baktos seun

    • Rampes, Bagea,,,

      Htur nuhun tos kersa linggih di Obat Awet Ngora

  18. Sae sae kang encep, maos artikelna marundel pisan

  19. sampurasun,,,tepangkeun abdi tisna satriana pituin banda indung,nurutan akang we nyerat banda indung teh,,kang manawi abdi diwidian copas serat2an akang ? atanapi ngagakeuh buku seratan akang dimanten ? hatur nuhun

    • Rampes,,, bagea.
      upami resep mah tiasa follow di fb. Simkuring nuju nyusun buku, manawi ngkin di info upami tos rengse turun cetakna. Htur nuhun


Tinggalkan Balasan ke boedaksatepak Batalkan balasan