BEULEUM SAMPEU sapotong ,,,


Kacaritakeun aya tilu urang manusa geus nyobat lila, naek turun gunung. dina hiji lalampahan keur ngalalana anu sakitu jauhna. Maranehna suka bungah jeung susah babarengan, ngumpulkeun kakuatan jeung tanaga pikeun lumampah neruskeun tujuana oge babarengan.

sababaraha poe lilana lumampah, maranehna karek nyadar lamun beukel anu dipiboga teh tinggal beuleum sampeu sapotong jeung cai dina kendi anu tinggal saregot deui. Maranehna parasea gara-gara nyarita keun saha anu leuwih boga hak pikeun ngadahar jeung nginum sesa beukelna. Nu antukna aya anu ngusulkeun sangkan eta sesa beukel teh dibagi rata tiluan, tapi tetep anu dua teu sapakat.

Teu karasa, beurang gues nyerelek maju ka peuting, salahsaurang tinu tiluan ngusulkeun supaya tiluanana sare, lamun isuk maranehna hudang, saha wae anu ngimpina paling aheng, eta anu bakal nangtukeun naon anu kudu dilakukeun.

Isukna, anu keur sarare teh hudang waktu panon poe geus bijil.

Manusa ka hiji nyarita : “ ieu impian abdi yeuh dangukeun…. abdi aya di tempat-tempat anu teu bisa digambarkeun, anu endah jeung tenang. Abdi papendak sareng hiji jalmi anu bijaksana anu nyarios ka abdi, “ anjeun anu gaduh hak pikeun ngadahar sampeu jeung nginum caina !!!, sabab kahirupan baheula tur anu bakal dipaju dihareupeun anjeun anu sakitu berhargana, jeung pantes menang pujian.”

“Aneh pisan… !!!” ceuk manusa ka dua nembal baturna,,, “sabab dina ngimpi urang, urang sorangan anu jelas-jelas ningali sagala lalampahan baheula jeung waktu anu bakal datang. Dina waktu anu engke bakal kasorang (jaga), terus urang ningali hiji aki-aki anu sagala nyaho, terus nyarita, maneh anu lewih hak kana kadaharan jeung cai teh, tibatan babaturan maneh. Sabab ceuk eta aki-aki, ngan urang anu leuwih nyaho tibatan aranjeun jeung lewih sabar. Ceunah, urang kudu cukup dahar jeung cukup nginum. Sabab urang ditakdirkeun pikeun jadi panutan sakabeh manusa.

Ari maneh kumaha ??? ceuk anu duaan meh bareng nanya ka baturna anu repeh wae….

Manusa ka tilu nyarita “ dina keur kaayaan sare tadi peuting, kuring teu ngimpi-ngimpi acan !! jeung teu manggihan nanaon, euweuh anu nanya jeung cacaritan nanaon.

Kuring ngan ngarasakeun aya hiji kakuatan anu maksa ieu awak kudu hudang, neangan eta sampeu sapotong jeung cai,,, terus ku kuring didahar harita keneh oge. Tah eta anu ku kuring dilakukeun tadi peuting teh !!!

 

 

~Cag

 

 

Balikpapan, 18092010

Published in: on 20 September 2010 at 3:02 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2010/09/20/beuleum-sampeu-sapotong/trackback/

RSS feed for comments on this post.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: