du’a hiji salaki

Salaki ngado’a : Gustiiiii, abdi teu nampi !! abdi gawe nepika banting tulang, nepika luat leet kesang. Ari ninggal pun bojo ngan ngeunah-ngeunah di imah lalajo tv. Abdi hoyong mere pelajaran ka anjeuna, tulungan abdi Gusti… robih abdi janteun istri, anjeuna janteun salaki abdi.

 

Gusti anu ngadangu hambana ngado’a….nya di Kabul eta do’a teh

 

Isukna eta lalaki anu geus barobah wujud jadi awewe (pamajikana) hudang terus buru-buru kadapur nyiapkeun sarapan, terus ngahudangkeun 2 anakna anu kudu siap-siap indit ka sakola.

 

 

Laju, manehna ngumpulkeun jeung ngasupkeun baju-baju kotor kanu jolang seuseuhan, sanggeus salaki indit ngantor jeung anak anu pang gedena indit sakola, manehna nganter anakna anu leutik ka sakola TK, nyimpang ka pasar rek balanja. Nepi ka imah, sangges menerkeun budakna ganti baju, manehna nyeuseuhan baju terus dipoekeun. Beres kitu koloyong ka dapur terus masak jang dahar engke beurang.

 

Sanggeus masak, terus gegeroh ngumbahan piring-piring urut dahar tadi isuk jeung parabot urut masak tadi. sanggeus budakna anu kahiji datang ti sakola, terus manehna dahar jeung dua budakna. Barang keur kitu, manehna inget lamun poe eta kudu mayar listrik jeung telepon geus akhir waktu. Budakna anu dua dititah buru-buru sare beurang, manehna indit ka bank anu deukeut jeung imahna rek mayar tagihan anu tadi inget tea.

 

Balik ti bank terus nyetrika baju bari lalajo tv, pasosore manehna manyuran kembang anu aya ditepas, terus ngamandian budak-budakna. sanggeus kitu ngabantuan maranehna diajar jeung mariksaan PR budakna. jam 9 peuting manehna ngarasa kacapean terus sare tibra naker. Geus pasti masih keneh loba pagawean-pagawean sejena anu can beres, ngan teu kuat lungse.

 

Dua poe ngajadi peran pamajikana, manehna teu tahan. Sujud terus ngado’a deui : “ Gustiii, abdi nyuhunkeun dihapunten, geningan salah sangkaan abdi salami ieu teh !! abdi teu tahan ngajalankeun lalakon nu jadi pamajikan teh, abdi nyuhunkeun di uwihkeun janteun lalaki, salaki manehna deui. “

 

Gusti ngajawab: ” Bisa wae. Tapi maneh kudu nungguan heula salapan bulan, sabab maneh ayeuna keur-reuneuh ”

 

 

Cag ah…

 

:: boedak satepak

Published in: on 4 September 2010 at 4:49 am  Tinggalkan sebuah Komentar  

The URI to TrackBack this entry is: https://ncepborneo.wordpress.com/2010/09/04/dua-hiji-salaki/trackback/

RSS feed for comments on this post.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: