Kadaharan Urang Sunda jeung cara nyieuna

Cilok

Cilok atanapi aci dicolok nyaéta kadaharan asli ti Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, bisa ogé uyah hungkul.

Aya deui istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi, misalna: abon, sosis, gajih, urat, endog puyuh, jeung sajabana.

Cilok biasa didahar jeung sambel kacang sareng kécap.

 

Ciréng

Ciréng kapondokan tina aci digoréng, nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, dibungbuan, tuluy digoréng.

Resép cireng

Bahan:

  • 100 g tipung aci
  • 1 sdm tipung tarigu
  • 375 ml cai
  • 1/2 sdt pedes bubuk
  • 1 sdt uyah
  • 1 siung bawang bodas, diparud
  • 30 g kacang kadelé bodas, dikeueuman nepi ka hipu, tuluy pisahkeun
  • 1 batang bawang daun, iris halus
  • minyak goreng

Cara nyieun

Aduk tipung jeung cai, pedes, jeung uyah nepi ka rata. Tambihan ku bahan sejenna, galokeun sing rata. Goréng saséndok saséndok nepi koneng jeung garing. Angkat.

Kanggo 10 sikieun.

 

Comro

Comro atawa combro nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon. Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut kénéh.

 

Misro

Misro nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon. Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng, alatan éta pisan dingaranan Misro anu mangrupa singketan tina amis di jero (basa Sunda). Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih kénéh haneut.

 

Oncom

nyaéta kadaharan tina kacang anu di-fermentasi-keun. Oncom mangrupakeun kadaharan has rahayat di Indonésia. Loba kamonésan tina oncom, diantarana oncom bisa jadi deungeun sangu ku jalan dipais, dibobotok, digoréng biasa, atawa dipasak jeung leunca. Oncom bisa oge dikokolakeun jadi kiripik oncom.

Jenis oncom

Sacara garis badag, oncom aya dua rupa, nyaéta:

  • Oncom beureum, ilaharna dijieun tina hampas tahu, nyaéta kacang kadelé nu geus dicokot protéinna nalika nyieun tahu. Ku kituna, nu dijieun oncom teh mangrupakeun sesa nyieun tahu. Oncom jenis ieu nyieunna dibantuan ku jamur Neurospora sitophila.
  • Oncom hideung, ilaharna dijieun tina bungkil suuk, nu kadang-kadang dicampuran ku hampas (onggok) sampeu atawa tipung sampeu, supaya téksturna leuwih alus jeung leuwih hipu. Bungkil suuk mangrupakeun hampas tina suuk nu geus dicokot minyakna ku cara diperes atawa diékstraksi Oncom hideung nyieunna dibantuan ku jamur Rhizopus oligosporus.

Kandungan gizi

Sanajan bahan-bahan oncom mangrupakeun panyesaan, tapi tina segi gizi mah masih keneh padet ku gizi, nu matak kacida nyaahna lamun heug dipiceun atawa ukur dibikeun ka ingon-ingon teh.

Bahan baku sejenna nu diperlukeun nalika nyieun oncom nyaeta kapang. Kapang oncom bisa ngaluarkeun enzim lipase jeung protease nu aktip salila proses fermentasi tur nyekel peranan penting dina nguraikeun pati jadi gula, nguraikeun bahan-bahan pinding sél kacang, nguraikeun lemak, sarta ngawangun alkohol saeutik tur mangrupa-rupa éster nu bauna sedep.

Loba jalma nu kurang ngahargaan oncom tibatan hasil ngokolakeun kakacangan lianna, saperti tahu atawa témpé. Hal ieu teh alatan oncom dijieunna tina hampas tahu atawa suuk. Padahal, sabenerna mah oncom miboga ajén jeung kualitas gizi nu alus minangka hasil tina proses fermentasi. Lamun dibandingkeun, oncom bungkil suuk mibanda protein, lemak jeung padetan nu ngaleyur leuwih loba tibatan oncom hampas tahu.

Ku ayana proses fermentasi, struktur kimia bahan-bahannu tadina kompleks, bakal kaurai jadi senyawa-senyawa nu leuwih basajan sahingga leuwih gampang dicerna jeung dimangpaatkeun ku awak manusa. Proses fermentasi ku kapang oge ngahasilkeun rasa nu dipikaresep ku konsumen.

Kagunaan sejen

Proses fermentasi ku kapang Neurospora sitophila jeung Rhizopus oligosporus geus kabuktian bisa nyegah efek flatulensi (kembung beuteung) sabab salila proses fermentasi, kapang bakal ngahasilkeun enzim alpha-galaktosidase nu bisa nguraikeun raffinosa jeung stakhiosa kadele nepi ka hambalan nu kacida handapna, nu alus keur nyegah dibentukna gas.

Nalika nyieun oncom, kaberesihan proses nyieunna diperlukeun keur nyegah mecenghulna mikroba-mikroba sejen, utamana kapang Apergillus flavus nu bisa mroduksi aflatoksin. Tapi, aflatoksin nu mangrupakeun racun, bisa diteken ku Neurospora sitophila jeung Rhizopus oligosporus. Aflaktosin ilahar mucunghul lamun bahan kakacangan mutuna goreng, ku kituna dina nyieun oncom diperlukeun mutu bahan nu hade.

 

Sambel

Sambel mangrupakeun deungeun/réncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonésia, Malaysia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna maké céngék atawa cabé, sahingga rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyaéta ku jalan diréndos dina coét, maké mutu.

Rupa-rupa sambel

Gumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel téh aya sababaraha rupa. Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana

  • sambel goang: bahanna ukur céngék, uyah, jeung surawung, diréndos terus digalokeun kana sangu atawa dicoél ku kacang panjang atah (kumaha karesep), atawa uyah, kécap, minyak jalantah, cabé beureum jeung bawang bodas diréndos tong lembut teuing.
  • sambel oncom: oncom (beunang meuleum), céngék, beuleum bawang beureum, uyah, gula, cikur (lamun resep), jeung tomat dihijikeun terus diréndos, dicaian saeutik, terus digoréng sakeudeung (teu digoreng oge teu nanaon, kumaha karesep), lalabna cukup ku seupan daun sampeu/gedang, peuteuy, jéngkol jrrd.
  • sambel tarasi: tarasi, gula, uyah (saeutik), céngék, tomat, bawang beureum; sakabeh bahan digoréng heula iwal gula jeung uyah, sanggeus kira-kira asak terus diréndos dihijikeun sakabéh bahan dina coét, saterusna digoréng sakeudeung. Lalabna bisa seupan daun sampeu atawa lalab atah oge bisa (takokak, jrrd.)
  • sambel muncang: muncang nu kolot (dibeuleum heula), céngék, uyah, gula; muncang beunang meuleum dihijikeun jeung bungbu nu séjénna terus diréndos dina coét (caian saeutik) ; lalabna jéngkol ngora jrrd.
  • sambel jahé: jahé, uyah, gula, céngék; jahé diteukteukan laleutik terus diréndos dihijikeun jeung bungbu nu lianna, sanggeus réngsé kécapan sacukupna (lamun resep) terus galokeun jeung lauk beunang meuleum.
  • sambel buah: buah manggah ngora diparud (sikina mah piceun baé), lajeng cabé beureum, tarasi, céngék, gula, uyah beureum diréndos, saparantosna campurkeun jeung parudan manggah téa, aduk nepi ka rata, biasana baturna jeung beuleum lauk.
  • sambel kécap: céngék diréndos terus dikécapan.
  • sambel kacang: suuk beunang ngagoréng diréndos jeung uyah, gula beureum, bawang bodas, cikur, jeung céngék.
  • sambel picung: picung kelewek (picung sok dikubur heula dina taneuh), uyah, gula, céngék (kahade kudu rada ati-ati bisi picungna aya racunan, mun bisa mah diléob heula ku cai haneut).
  • sambel goréng: bawang bombay disiksik lajeng digoréng nepi ka konéng, tambahkeun céngék jeung bawang bodas beunang ngaréndos, gula bodas, kécap asin, jeung udang ebi (beunang ngeueum ku cai panas) nepi ka seungit.
  • sambel tomat:
  • sambel cibiuk: aya dua rupa, sambel beureum jeung sambel héjo. Sambel beureum dijieun tina tomat beureum, cabé beureum, surawung, gula, uyah, bawang bodas, bawang beureum, jeung cikur, sedengkeun sambel héjo maké tomat jeung cabé héjo. Ieu sambel diréndosna tara nepi ka lembut, sapuratina asal nyampur.

 

Tahu Sumedang

Tahu Sumedang nyaéta tahu nu asalna ti Sumedang, Jawa Kulon. Tahu ieu biasana digoréng nepi ka rada garing, semu coklat, tur asin. Cocog lamun didahar jeung lontong. Sanajan asalna ti Sumedang, tahu ieu kiwari geus loba dijieun di wewengkon lianna di Indonésia.

Sajarah Tahu Sumedang

Tumuwuh jeung nanjeurna industri tahu di Sumedang, teu leupas tina peran para warga katurunan anu kacatet dina sajarah salaku lulugu tukang nyieun tahu anu dibawa ti nagri maranéhna. Upamana baé lulugu tukang nyieun tahu Sumedang nyaéta Ongkino, Bungkeng, Ong You Kim (Ukim), Ko Aniw, Ko Lento, Ko Jung Gong, jeung Babah Hek. Mangka teu heran kadaharan asal nagri wide (pinding awi) teh dingaranan Tou Fu.

 

Cenah mah, tahu Sumedang téh dimimitian tina kréativitas nu dipimilik ku bojona Ongkino, nu ti awal mula mangrupakeun nu boga pokal pikeun nyieun Tou Fu Cina anu lambat laun ganti ngaran jadi “Tahu”. Mangtaun-taun, Ongkino jeung bojona terus ngulik usaha maranéhna. Nepikeun ka kurang leuwih taun 1917, anak manéhna hiji-hijina Ong Bung Keng nyusul ka tanah Sumedang. Bung Keng terus neruskeun usaha kadua kolotna nepikeun kaduana milih balik deui ka nagri asalna di Hokian, Cina.

 

Ngaliwatan alih generasi, Ong Bung Keng, anak tunggal Ongkino, tuluy neruskeun usaha anu diwariskeun ti dua kolotna nepi ka maotna di yuswa 92 warsih. Di balik kahotna Tahu Sumedang aya ogé carita anu rada mistik, kawas naon anu dicaritakeun ku incu ti Ongkino, Suryadi. Kira-kira dina warsih 1928, cenah hiji poé tempat usaha sang aki buyutnya, Ong Bung Keng, didatangan ku Bupati Sumedang, Pangeran Soeria Atmadja anu pareng ngaliwat numpak dokar dina lalampahan nuju ka Situraja.

 

Sabot nempo si aki ngagoréng tahu, jol aya kapanasaran, kadaharan naon anu keur dijieun si aki. Sajaba bentukna anu unik, aroma pasakanna ogé ngondang anjeunna anu geura-giru turun ti tutumpakanana pikeun menyapa akina anu uplek ngagoréng.

“Maneh keur ngagoréng naon?” tanya bupati ka si aki.

 

Ngadéngé patarosan éta, Ong Bung Kéng ogé némbalan bari usaha ngécéskeun sebisanya. Yén manéhna téh keur ngagoréng kadaharan anu dipikawanoh di taneuh kalahiranana ngaranna Tou Fu Cina. Kutan, guaran éta, beuki nyieun geremet Pangeran Soeria Atmadja, anu saterusna mecakan ngasaan kadaharan anu kakara mimiti manéhna temui.

 

Réngsé ngasaan, ujug-ujug Bung Kéng kungsi reuwas ku reaksi pangéran, anu sacara spontan ngungkabkeun kecap-kecap, “Ngeunah geuning tahu téh. Lamun manéh terus ngajual dagangan maneh bakal payu” kedalna bari beungeut pinu ku rasa seubeuh.

Ti kajadian poé éta, lalaunan tapi pasti komara Tou Fu Cina anu henteu ngahaja robah ngaran jadi Tahu Sumedang, alatan omongan pangéran beuki naék. Sumawona, carita datangna sang pangeran gancang sumebar ka sakumna penjuru Dayeuh Sumedang.

 

Cacak rada mistis, diaku Suryadi, kitu pisan kanyataan. Alatan omongan sang pangéran, ujug-ujug Tahu Sumedang robah jadi hiji kadaharan anu henteu kungsi dipiboga ku wewengkon séjénna.

 

Ranginang

Rangginang (atawa raginang, ranginang, Basa Indonésia:rengginang, rengginan) mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonésia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna asing-masing.

Kagunaan rangginang

Rangginang bisa didahar langsung, minangka susuguh keur sémah boh di imah atawa dinu kariaan, atawa bisa oge keur deungeun sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun rangginang didahar jeung cikopi.

Rupa-rupa rangginang

  • Dumasar rasana, rangginang aya nu asin jeung amis. Nu pangilaharna mah rangginang asin.
  • Dumasar bentukna, wangun rangginang tiasa rupi-rupi, gumantung citakannana, tiasa buleud atanapi kotak, kadang-kadang henteu dicitak ku citakan, mung diréka-réka ku panangan waé.
  • Dumasar ukurannana, henteu aya babagian ranginang nu pasti dumasar kana ukurannana, tapi rangginang bisa variatif ti ukuran pangleutikna nu diameterna kurang leuwih 3 senti, nepikeun ka rangginang-rangginang gede nu leuwih ti sapuluh senti.
  • Dumasar nu nyieunna, rangginang bisa dibagi jadi rangginang jieunan sorangan (biasana ibu-ibu di imah sorangan keur nyuguhan semah atawa kadaharan sapopoe, nyieunna make parabotan saayana, citakannana kadang-kadang ukur dijieun tina awi), sarta rangginang jieunan pabrik(kiwari pabrik rangginang loba di mana-mana kalayan make citakan nu leuwih hade)

Bahan ranginang

Ranginang dijieun tina béas ketan anu diseupan sareng dibungbuan. Bungbuna bisa rupa-rupa gumantung kana rasa nu dipikaresep. Pikeun ranginang asin, uyah, bawang bodas jeung sajabana tangtu dibutuhkeun. Kadang-kadang ditambahan tarasi. Keur raginang amis, tangtu kudu make gula.

Cara ngadamel rangginang

Kanggo ngadamel rangginang, beas ketan diseupan sareng dibungbuan. Saparantosna cekap asakna (teu kenging asak teuing), ketan nu tos pagalo sareng bungbu teras dicitak, didaraykeun dina nyiru, ayakan atanapi rupi-rupi anyaman anu tiasa dianggo kanggo moe. Lajeng rangginang dipoé dugikeun ka garing. Saparantosna garing, rangginang atah digoréng.

 

Bajigur

Bajigur nyaeta salah sahiji inuman ti Sunda atanapi wewengkondaerah Jawa Barat. Bahan utamina nyeta kopi, gula aren, jeung santan kalapa. Keur nambah kanikmatan dicampurkeun oge uyah sarng bubuk vanili sacukupna.

Inuman ieu disayagikeun panas keneh nu biasa diical ngangge gorobak disadiakeun oge komporna pikeun naheur. Bajigur cocok diinum keur cuaca tiris atanapi saenggeus hujan. Tuangeun nu sering disayogikeun sareng bajigur sapertos kulub pisang, kulub hui, atanapi kulub kacang taneuh.

 

Bandrek

Bandrek sami sareng bajigur mangrupi inuman tradisional orang Sunda ti Jawa Barat. Inuman  ieu cocok disayagikeun nuju keur tiris, sapertos nuju hujan atanapi peuting-peuting. Bahan dasarna nu paling penting nyaeta salah sahijina mangrupa jahe jeung gula beureum, tapi di daerah-daerah sejan ditambahkeun rempah-rempah supados karasa haneutna leuwih manjur, sapertos sereh, pedes, pandan, endog hayam kampung, jeung sajabana. Susu bisa oge ditambihkeun, tergantung salera. Seeur nu percanten yen bandrek aya khasiatna keur ngubaran panyakit ringan sapertos nyeri tikoro. Aya oge bandrek nu husus pikeun keur urang dewasa kusabab efek panasna.nyanggakeun,,,, _/\_

About these ads
Published in: on 14 April 2011 at 3:56 pm  Tinggalkan sebuah Komentar  

The URI to TrackBack this entry is: http://ncepborneo.wordpress.com/2011/04/14/kadaharan-urang-sunda-jeung-cara-nyieuna/trackback/

Umpan RSS untuk komentar-komentar pada pos ini.

Berikan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

Bergabunglah dengan 97 pengikut lainnya.

%d blogger menyukai ini: